Senin, 29 April 2013

Posted by Unknown | File under :
         Imah panggung. Bilikna geus rarawék. Nini Rumi dikukutang wungkul, ngaléléké,  ngadaweung bari ngelepus udud. Buukna ipis, huis ngulawu. Huntuna kalan témbong carang jeung harideung. Kulitna geus karijut wungkul, tulang malulu. Nampeu ka buruan. Ngalayung. Kalan-kalan kapireng humariring, ngahaleuang. Ngagerendeng sosoranganan. Jarauh panineungan. Ngelepuskeun haseup. Ngumbul ka luhur, manéhna bangun anu milu ngapung, milu ngumbul muru layung ngungun. Aya nu ngaronghéap nyoléndang lodong, tas mulang nyadap. Tiban ngarérét anu ngadaweung. Ari anu dirérét mah, anteng gumerendeng nyawang langit dina sesela daun kalapa. Bajing gagalacangan. Sapasang. Tikukur kagareuwahkeun. Mabur kana tangkal anu séjén.
“iyéééé, ieung, ééééééé…tuh nya kang, kacida teuing, geura bobot geuning da geuning geura ayon geura timbang tarajukeun, mun bogoh sok geura lakon mun hayang geura lajukeun, ayeuna sia nu lénjang, éééééé, méga malang nya talang soré, éééééé, iiiiieeeeung, ééééééé...., kunaon bati laleuleus, seureuh beureum sok diuntingan, dilulunan ku daun jati, hayang seubeuh, tuh, nya kang ku bujang nu liwat tadi, ieuuuuu, deudeuh, nya kang, ku bujang nu liwat tadi, ngalodéh sok dina péréng, anakna katilu teuweul, boga séndéh, nya engkang, nu pendék konéng anakna katilu eukeur, geura bobot geura ayon geura timbang tarajukeun, mun bogoh sok geura lakon mun hayang geura lajukeun. Ayeuna sia nu lénjang, éééééé..., méga malang talang soré….”* Nini rumi anteng gumalindeng. Pulang anting dina katineung. Manéhna rus-ras  ka huma, ka leuweung. Kumalangkang mangsa ngala suluh, nyacar atawa tatanén. Apanan sok bari ngahaleuang. Kitu sok dihaleuangkeun. Sawaréh anu apal kénéh. Apanan harita mah loba pisan wawangsalan, sisindiran jeung paparikan nu sok dihaleuangkeun sosorangan. Batur simpé tengah leuweung. Mangsa cuang-cieung. Lain wangsal sawangsalna, apanan mimitina mah. Manéhna sok nunutur ronggéng sakadar hayang ngapalkeun wawangsalan. Mangbulan-bulan nunutur Ma Nisem. Ronggéng kahot jaman harita. Nya kitu, teu langsung guguru, apanan, mulung-mulung lamun keur ngaroroték suluh, keur sasapu, keur ngahuma, atawa keur popolah. Nutur-nutur nu ngahaleuang tuluy diapalkeun. Kalan-kalan ngahajakeun lalajo ronggéng gunung ogé, lain keur néangan bujang siga  nu séjén. Sakadar hayang mulungan haleuangna.
“Nyari  puguh manéh mah ngahaleuang téh, cik milu geura ngaronggéng sakali mah. Lain ulukutek waé di leuweung.” Kitu kungsi Ma Nisem nyarita mangsa mantuan  sasapu di buruan imahna.
“Ah, teu harayang teuing, Ma. Hayang apal wungkul wangsalna, jang batur di leuweung.” Témbalna teh kitu jeung kitu saban diajak ngaronggéng. Da jeung kituna apan baturna mah teu sirikna pahayang-hayang jadi ronggéng. Nini Rumi mah wéléh teu kabita, katambah-tambah geus aya panyaram ti anggalna ku kolotna. Tapi ari kana diajar ngahaleuangna mah laju teu eureun-eureun. Antukna sakabéh wawangsalan, sisindiran jeung paparikan ti Ma Nisem, rumpaka ronggéng gunung turun ka manéhna. Kalan-kalan manéhna sok nyieunan rumpaka sorangan asal nyurup kana wirahma. Keur soranganeun ieuh, cek pikirna. Kiwari mah Ma Nisem kari waasna. Ronggéng Gunung ge lawas taya bejana aya nu nuluykeun.
Di leuweung. Genahna kacida ngahaleuang mah. Kitu pangrasa Nini Rumi. Dina sesela tangkal jeung rungkun, nepungkeun kasimpé kana dahan jeung daun, patémbalan jeung mangpirang manuk. Patémbalan jeung angin. Asa nepi nepungkeun kasono jeung nu teu kajeueung. Haleuang lir sasak kanu teu kahontal. Bari mulungan pangpung jeung régang garing, kukumpul suluh, ngahaleuang sorangan tara kungsi tamat, sok jol wé sora waditra dina dadana, sora kendang, goong jeung kenong téh mucunghul ngaléng manéhna sapanjang mideudeuh leuweung. Asa jebul tina batu, tina daun, tina manuk. Jebul ti gunung. Atuh wawangsalan kadieuna mah sok ngadadak jebul sorangan. Alanyar lain anu meunang diajar ti Ma Nisem, tapi ngaronghéap saharita. Kalan-kalan sok aya nu némbalan ti jauhna, nu sarua keur di leuweung, tara ieuh hayang nyaho saha-sahana. Papada tepung ku wirahma jeung rumpaka. Silih témbalan jeung urang leuweung.
“iéééééé…seureuh lain di jambé lain, samayang mah buah dalima, beubeureuh lain bébéné lain melangna kabina-bina…”* kitu Nini Rumi ngahaleuang tengahing leuweung.
“Tikukur mah ngariung tilu, nu hiji mah bayangan sumpit, aya bujang ngariung tilu, nu hiji mah bawaeun balik…”* sok aya némbalan kitu, norobos daun-daun, kabawa angin.
Sok kapireng nu senggak ti sabudeureun. Teu kanyahoan saha-sahana, da puguh taya sasaha. Senggak anu satia dina saban léngkahna. Tuluy léngkahna sok karasa ngalayang, kumalayang ka satatar leuweung. Lir anu nyaba ka saban jeungkal leuweung. Ari keur kitu leuweung bet karasa asa imah sorangan. Saban tangkal jeung sato bet saroméah, ngahiap-hiap.
“Nini rék kamana?” Aya sora budak awéwé ti jero imah, ngagentraan Nini Rumi nu geus cengkat, ngaléngkah meuntas buruan.
”Nini rék kamana?” nu ngageroan mindo. Sirah budak awéwé nonghol tina lawang. Panonna mencrong nu tonggoy rada nonggoh.
“Paling ka tampian.” aya nu mangnémbalkeun ti jero imah kénéh. Sora aki-aki.
“Nya atuh, ké disusul mun geus rapih ngakeul.”
“Heueuh, bisi kaantengan di tampian. Nini manéh mah sok anteng ngumbar panineungan. Baheula gé remen  kalangsu sapeupeuting di leuweung. Remen dianggap leungit.” Sora batuk parna nuturkeun tungtung kalimah.
Ari Nini Rumi geus asup ka jalan satapak nu meulah kebon. Mudun meueusan, manggih walungan leutik. Déét. Ngagenyas. Sorot panonna ngadadak cénghar. Aya langit kumalangkang dina beungeut cai. Langit soré pacampur jeung batu-batu walungan. Lalaunan ditincak ku Nini Rumi. Nyasar, ngaraas genclang. Bari angger gumerendeng. Malah rada narikan. Bangun nyalukan anu teu kaciri.
“Mandi ka leuwi, hayang seubeuh da geuning teuteuleuman, iraha mah patepang deui, hoyong wareg sasarengan…”* Nini Rumi geus meuntasan walungan, unggah kana jalan satapak anu bras ka kebon awi. Leungeunna ngusap saban daun nu kaliwatan, tonggérét ngéar mapag nu lumampah ka lawang leuweung.
“Bagéa, lawas teu kaanjangan. Sono lain meumeueusan. Bagéa!” ujug-ujug aya nu ngabagéakeun. Sapasang nonoman. Karasép naker. Baraju bodas. Ditotopong. Saronghéapan nu dipapag hareugeueun. Bet asa kungsi manggih keureut jeung dedeg anu duaan. Enya kokolébatan lebah katineung. Puluhan taun katukang. Lebah dieu pisan ogé apan kungsi amprok, geuning angger karasép. Garandang. Gap kana kulit beungeut sorangan, rét kana kulit sorangan.
“Bagéa kamana, Kasép?” Nini Rumi nénjo jalan satapak dibalur ku layung. Dangdaunan halibar emas. Lawang leuweung hibar cahaya langit. Mun kongang manéhna hayang nyebut Akang kanu duaan téh, enya, kagagas ku ingetan mangsa lawas nu ngadadak narémbongan. Rusiah anu salila ieu disidem palangsiang bakal kabawa kapendem.
“Geus lawas apan teu nganteur kami saréréa. Nagara leuweung sono liwat saking. Matak ayeuna ngahaja dipapagkeun ogé, saréréa geus nganti.” Salah saurang némbalan bari ngaléng Nini Rumi, rap masangkeun kabaya jeung karémbong. Nini Rumi nurut.
“Baruk? Naha teu ngimpi ieu téh. Geus lain-lainna deui atuh. Geus nini-nini ayeuna mah. Lain jaman keur belejag jagjag ngaroroték suluh kana dada leuweung.” Nini Rumi dikaléng ku duaan. Saharita leuweung ngagentraan. Saeusi leuweung kapireng ngagentraan.
“Puguhan ayeuna geus tara aya nu ngahaleuang tina rungkun kana rungkun. Saukur bedil jeung ragaji anu saban usik ngukuntit leuweung. Barina oge kolot soténan di lembur, di nagara kami mah taya nu kapulut ku umur.” Nu saurangna deui mairan bari imut.
Nini Rumi jeung nu marapag, lalaunan nembus leuweung, nembus layung, nembus daun. Tina tangkal, kana tangkal. Rungkun jeung rungkun. Beuki lila beuki garancang. Nini Rumi mireng mangpirang deui haleuang nu puluhan taun kungsi raket jeung manéhna. Patémbalan dina hawa. Hudang deui rumpaka jeung wirahma. Beuki tembus, beuki jauh. Beuki ngagendrung sora tatabeuhan. Goong, kenong jeung kendang. Ngaweuhan. Ngahiap-hiap.
Layung surup. Cika-cika tingkaretip dina saban daun. Lalaunan purnama kumarayap di langit. Beuki jauh nu lumampah. Muru nu ngaweuhan, nu ngahiap-hiap. Pareng bulan nyirungkeun kalangkang. Tingkareclak ti kajauhan. Horéng puluhan obor, lir ditebar satengahing leuweung. Tegalan mabrak ku durukan.
“Bagéa, Rumi. Lawas taya haleuang di nagara leuweung. Kamana waé, jungjunan. Geura makalangan mawa cahaya keur kami saréréa. Panjak geus ngemprung ti iraha boa. Dianti unggal wanci. Bagéa, geura ajak muntir ieu asih, ajak ngalengkah ieu tresna. ” Aya sora ngagelendrung ngabagéakeun nu anyar cunduk. Nu duaan undur.
Nini Rumi ahéng ku panenjona nu ngadadak eces deui nenjo dina mongkléng. Seuneu durukan jeung obor. Cika-cika. Réa anu ngariung, diharudum sarung, tinglaliud. Bet siga keur hajat. Asa leuwih rongkah batan gambaran nu nyaring lebah amparan katineungna.
Tatabeuhan anteng dina wirahmana. Nini Rumi  leumpang ngurilingan durukan. Bréh anu nabeuh. Jol aya nu metot sukma jeung ragana, sarénghapan ngaléor ngadeukeutan. Jen ngajanteng bangun neuleuman wirahma. Rumpaka jol marangkak dina renghap jeung getihna.
“Ieeeeung, kudup turi, mandodok bulan dadari….”** Nini Rumi lalaunan gumerendeng, lir mapat asihan. Leungeun kéncana bangun nanggeuy ceuli, sirah rada dengdek, ngawahan. Ngahaleuang laju mébérkeun leungeun séjénna, laju usik saeutik-saeutik marengan wirahma. Sorana ngarambat ka jauhna. Ngusikkeun sagalarupa. Sagalarupa nu kahontal ku seuneu. Seuneu usik. Sagalurapa nu kahontal ku bulan. Bulan usik. Sagalarupa nu aya dina mongkléng. Méngkleng usik. Ngusikkeun leuweung. Ngusikkeun jempling. Usik sagalana marengan usikna Nini Rumi.
Nini Rumi ngahaleuang marengan wirahma nu nabeuh. Salagu dua lagu. Lagu katilu ngaleu bari ngibing lir kumalayang.
“kembang siang di mara désa, kembang malati di jambé, ari hayang geura bébéja, bisi kapirandi kuring....”*** srog teh anu diharudum sarung, tingkurunyung arasup kana kalang, ngurulingan Nini Rumi. Tingrareundeuk. Nguir, nyieun buleudan. Léngkah sawirahma. Ukur sukuna anu katenjo. Ka luhur buni ku sarung.  Ngaléngkah sawirahma. Beuki loba anu diharudum. Minuhan kalang. Tina lagu kana lagu. Nini Rumi anteng ngahaleuang. Nu ngaribing muntiran Nini Rumi, anu anteng muntir sorangan. Durukan beuki ngabebela. Bulan beuki gumiwang.
Sapeupeuting sagalarupana muntir. Seuneu. Bulan. Mongkléng. Leuweung. Jempling.
Cunduk ka subuh. Balébat ngebat. Di pakalangan Nini Rumi diaping ku duaan, nonoman anu soréna mapagkeun.
“Kumaha rék mulang waé? Atawa rék salawasna maturan kami? Nganteur asih kami, tresna kami ka jauhna.” Saurang nonoman nyarita bari teu weléh imut. Imutna ka rérab sésa durukan anu masih ngabubulak.
“Ah, hayang mulang wé siga sasari, siga baheula.” Nini Rumi rungah-ringeuh. Karek eungeuh jalma réa téh horéng geus taya dikieuna. Teu katalingakeun ngalilesna. Saukur tiluan.
“Nya heug ari kitu mah. Omat ulah nénjo katukang mun geus cacap nganteur.” Nu saurang deui neuteup Nini Rumi.
“Meureun panungtungan nya? Da ieu umur asa ngahiap-hiap.” Nini Rumi cumalimba.
“Har, matak ge mending bebetah jeung kami.” Nu duaan méh bareng nyaritana. Bangun miharep Nini Rumi teu jadi mulang.
“Ah, hayang nangkeup incu méméh mangsana,” Nini Rumi ngajak lumampah  kanu duaan.
Nu duaan jarempling. Bari ngaléng Nini Rumi nembus leuweung. Mapay tangkal mapay rungkun. Sapanjang jalan satapak taya nu nyarita. Ngemu keteg jeung rusiah séwang-séwang. Nini Rumi teu eureun ngurilingkeun panénjona. Beueus.
Bras ka lawang leuweung geus méh caang. Manuk geus gocrét. Ibun tinggarenclang.
“Nepi dieu. Pileuleuyan! Nagara leuweung salawasna bakal misono. Asih jeung tresna ti leuweung.” Cek nu duaan tingrarendeg tuluy malik. Mulang deui ka leuweung.
Nini Rumi unggeuk bari anteng neuteup ka hareup, kana walungan leutik, pameuntasan ka tampian tuluy ka lembur. Geus sababaraha kali dina katineungna, dipapagkeun ti lebah, dianteurkeun ka lebah dieu. Weléh teu meunang nénjo kanu mulang tina nganteurkeun. Kiwari banget panasaran. Bet hayang nénjo anu marulang. Hayang nganuhunkeun, jaba kabaya jeung karémbong dipapaké kénéh. Laun Nini Rumi malik. Bréh. Nu duaan keur ngadarigleu mulang. Duanana horéng buntutan. Gedé. Ngagebay belang.
Nini Rumi saharita ngarumpuyuk, mareng jeung anu ngagorowok lebah tampian.
“Nini Rumiiii! Tingali itu Nini Rumi! Gusti! Labuh ka walungan!!! Béjakeun ka lembur!!! Nini Rumi geus kapanggih. Gancang! Béjakeun ka lembur!!!!!!” saurang lalaki ampir ditaranjang lumpat muru Nini Rumi anu laju ngaringkuk di walungan. ****
  
Cibeureum 2010

Posted by Unknown | File under :
               Hareupeun saung. Durukan ngabebela. Bangun hayang ngaduruk peuting nu jempling. Hayang ngaduruk lalancip-lalancip angin, jerit jangkrik, genggerong bangkong. Hayang ngaduruk pucuk-pucuk kalapa, méga jeung béntang nu gumeleter. Hayang ngaduruk langit.
Sardiat teu eureun nambahan suluh. Ngagarabyag. Mabra buruan saung. Sora seuneu nu gangas, nu ngahakan kai garing. Tingbeletok suluh awina. Silalatu nyieuh-nyieuh cicika, sina rabeng luhureun kotakan demi kotakan. Sawahna. Sawah nu keur disawang. Diimpleng jeroning mongkléng. Mongkléng peuting. Mongkléng haté.
Isuk panén! Gerentesna ketir. Siki-siki paré racleng dina panonna marengan serebung silalatu. Sedeng dina dadana, rébuan beurit ngasrék ngagares jajantung.
Sardiat teu eureun ngalinting bako. Cumarita jeung haseup. Seuseup deui. Nyeuseup deui. Munggah kebek dadana. Bangun hayang muput nu motah dina rasa. Kalah batuk mani ngéngkréng. Lung, dipiceun. Gap deui, ngalinting. Bari malaweung kabandang koréak gagak.
Peuting, peuting mimiti deui nihtir. Siga saratus peuting nu ngéntép na lelembutan. Lelembutan Sardiat. Nihtir. Ricit ti saban madhab. Ti galengan ka galengan. Ricit patumpang-tindih dina saban kotakan. Siga peurih saratus peuting nu kaliwat. Saratus peuting saprak ngarambét mindo. Saratus peuting nu ditahan sajeroeun tulang iga. Kiwari usik. Rampak usik. Dina tulang. Dina daging. Dina getih. Usik-usikan. Tuluy ngamalir kana saban pori-pori kulitna. Ngamalir ka saampar hawa. Kana peuting nu nihtir. Kana angin nu ricit. Kana silalatu nu merul.
Kalangkang silih kalangkangan. Kumalangkang. Rumingkang. Ringkang-ringkang. Juringkang poé pakaléng-kaléng. Kakalayangan. Jangjang hariwang.
Sardiat hayang ngarambét poé neba di mana-mana.
Keur kitu, sorot batré ngaburinyay dibarengan sora suku. Ngagesruk di pipir saung. Gigireun balong. Gesruk. Burinyay. Gesruk. Burinyay. Aya nu ngurunyung diharudum sarung. Ngajanteng sakedapan. Surat-sorot kana kotakan. Dipapay imeut. Kucrak-kecrék. Sebrot deui. Meneran pisan pupuhunan anyar nancebkeun. Sarénghapan. Disorotkeun ka jauhna. Kana tungtung amparan kotakan. Rumahuh. Tuluy dipangpéngkeun ka luhur. Ka langit. Kana béntang nu gumeleter. Lir ngintip riuk nu nyamuni satukangeun langit. Ngaharéwos sosorangan. Antara ngadunga jeung nyupata. Teu pati jéntré.
“Kadé isuk jam genep, Sujang! Kitu, cek itungan Emang!” Sora beurat semu peura.
“Diutang-itung gé moal matak untung!” Sardiat némbal, les-lesan, sabot rut-rét kana sarat jangeun pupuhunan; kana buah kawung nu ruruntuyan, kana janur, kana duwegan, nu ngarantung na palang saung.       
“Tong aral! Saréréa kapan. Mun kitu ancur sorangan!”
“Batur onaman usum kamari marucekil! Uing? Mindo dihanca si monyong! Usum kamari ngéclok ka Emang keur nyumponan nu boga sawah! Boa-boa mindo ngéclok ogé!” Sardiat neuteup nu ngajanteng, ngaliwatan pucuk-pucuk seuneu. Teuteupna lir sapasang walungan és, tuluy leyur saluhureun durukan.
“Geus ti baheulana! Nu boga sawah lalolong haté! Kanyahona kintalan paré pareng panén! Teu paduli buruh macul, harga gemuk jeung bebengok hama! Tapi, takdir kudu ditarékahan, Jang!” Mang Mahdi malik. Ngagesruk ngadeukeutan nu ngabebela. Sarungna murag kana taktak. Lalaki kolot. Kumis baplang badis ruruntuk oah. Panonna seukeut. Nengetan polah Sardiat.
Sardiat anteng nurun-nurunkeun doran, nu ngagarantung na bilik saung. Doran pacul saopat-opat diturunkeun. Hiji-hiji dibebeskeun kana seuneu.
“Nyaah, Sujang!”
“Diteundeun kalah matak heurin! Teu jadi duit!”
“Montong ngarasula!! Anggur mikir pikahareupeun! Cikan ngasaan bakona! Euleuh, jadi inget ka Bapa ilaing, Si Jenat. Bako Pasigaran, lin?” Diuk dina tangkal gedang nu ngajepat. Maut bako jeung pahpirna. Ari panon tuluy manco nuturkeun laku Sardiat nu laju ngasur-ngasur doran.
“Baheula. Déwék teu béda jeung silaing!”Mang Mahdi ngalungkeun suluh urut nyeungeut lintingan. “Na dikirana Jang Haji teu kejem kitu? Kejem! Kejem kacida! Teu béda ti Kuwu kiwari. Ngan déwék teu paya dikakaya! Tiap panén tekor, teu sirikna lir anjing manggih bagong! Déwék teu paya. Méméh digebrag. Ngagebrag tiheula. Hiji waktu, déwék ngamuk di imahna. Teu sangka, borangan! Berekah, bageur nepika ayeuna!” Ditungtungan nyéréngéh, reueus kana katineung nu dipurak. Sardiat seuri leutik. Seuri nu nyiriwik kana ati.
“Paré urut kamari moal waka kagantian, Mang?”
“Keun! Nu puguh silaing kudu boga ketak! Ulah sabar teuing siga bapa ilaing! Montong daék diidek waé! Da lain taneuh!”
Sardiat jempé. Mang Mahdi teu eureun manjangkeun kalimah. Marengan létah durukan nu beuki rongkah. Tuluy manjang unggah ti kotakan ka kotakan. Kekecapan ngeteyep dina tumpukan sora-sora peuting. Ngaduruk waktu.
Anjing babaung ti jauhna. Ti luhur pasir.
Sardiat mulang ka imah. Dina korsi. Kasampak Cicih, pamajikanana. Mapatahan nulis ka Déwi, budakna nu karak kelas dua SD. Luhureun meja. Aya sangu goréng setengah piring, coét jeung gelas taya eusian. Aya baskom héjo ditutup kaén bodas. Bari kerung, ramo Sardiat mukakeun tutupna.
“Bérés geuning?”
“Ti Mang Mahdi. Magrib ka dieuna.” Témbal Cicih. Pék ngusap sirah Déwi. Cengkat. Koloyong ka dapur. Teu lila kapireng sora cai nyurulung. Ngaronghéap geus mawa gelas cikopi. Sok hareupeun nu mencrong kénéh eusi baskom. Kana sarat Pupuhunan. Kupat. Bubur bodas, bubur beureum. Opak. Wajit. Puncak manik. Béas samangkok jeung duit kencring. Kekembangan. Menyan. Surutu. Eunteung. Jeung étém.
“Naon hartina sugah-suguh? “ Sardiat ngicip-ngicip kopi.
“Ari taeun téh! Manjangkeun lalampahan karuhun. Émut kasauran Bapa kapungkur, ulah hilap kana akar!”
“Ongkoh badé nanggap jentréng? Resep Dewi mah,  kapungkur ogé nuju aya aki. Nu ngibingna, Pa! Geuning Nini Ima mani siga nu ngapung. Siga heulang nuju muir di langit!” Déwi luncat tina korsi. Nyéta-nyéta nu nu ngibing jentréng. Gancang dihuit ku ku Cicih.
“Déwi kamari pan ngagambaran oray-orayan. Nya? Énjing urang apungkeun di sawah. Ngajak A Médi, wé! Ayeuna énggal bobo! Tos wengi! Tuh, aya anjing babaung!” Sardiat ngupahan nu nagih janji.
   “Alah uhun! Asik! Warna-warni di langit! Sing luhur diapungkeunana. A Médi téa jagoan!” Déwi lunggak-linggeuk. Cumentil. Mérésan buku. Tuluy ngagusur  Cicih asup ka kamar. Ngolo hayang dipangdongéngkeun. Sardiat nuturkeun ku teuteup.
“Kadé reksak! Buku éta warisan ti Uyut. Nuju Nini saageung Déwi. Kedah apik. Kamari dugi kamana?” Nu guntreng di jero kamar. Teu lila, bet kapireng sora Cicih  ngahariringkeun  lalakon Déwi Rengganis. Sorana tembus ka saban rohang. Rohang tengah nu heureut. Sardiat guligah sorangan. Kurulang-kuriling. Noong nu ngadongéng. Lalajo antayan sireum dina témbok. Ngintip eusi baskom. Nénjo cakcak nu nguliwed satukangeun kalénder gambar amparan sawah nu paréna meujeuhna alaeun. Lir amparan emas handapeun langit bungur. Asa aya nu ngarabut jajantungna. Mangsa sapasang beurit. Sapasang beurit luncat kana méja, tingarajleng kana ubin. Tingciricit muru dapur. Nyeblak. Asa dibalangkeun ka jurang. Bari taya pamuntangan.
Poé isuk, kuma isuk! Cek Sardiat bari ngoloyong ka kamarna. Kekedengan. Bari tagiwur. Katingtrimkeun ku sora Cicih nu lir hiliwir malati pareng bulan samagaha. Sakedapan nyieuhkeun ricit. Ngalenyap sakedapan. Di nagri impian Sardiat nénjo rebuan beurit ngahanca pupuhunan, ngahanca sanggar jeung eusina. Merul satangtung tangkal-tangkal kalapa. Ngagares lembur. Ngagares nagara. Ngagares mangsa.
Lilir sakedapan. Hawar-hawar wawacan Rengganis bet kapireng jadi nu ngaji. Walungan ayat suci nembres ngamalir jeung ingsreuk. Rét. Dina ubin. Saluhureun sajadah kucel. Cicih geus dimukena nyanghareupan kitab.
Isuk-isuk. Panonpoé geus moncorong. Sardiat ngaléngkah bangun teu napak. Langlayangan oorayan gupay-gapuy dina tonggong Déwi. Hareupeunana. Srog ka sawah. Nu dibuat aranteng. Ngarit paré di unggal sisi. Ipis naker. Tengahna héjo cawérang. Taya alaeun.
“Ari ilaing siga lain turunan tukang tani! Langlayeuseun siga langlayangan kapakan.” Mang Mahdi nyenghor.
Sardiat ancrub ka sawah. Laju milu ngalaan paré. Guntreng jeung arit. Saarit-aritna.
Hawa panén ngungun. Tarungkul jeung arit séwang-séwang. Nu réngsé, maju ngagebot. Ukur Déwi nu jigrah noongan puncak manik. Oray-orayan ngibing saluhureun pucuk kalapa rawing.
Méh saréréa ngeureuyeuh ngagebot. Sada motor digaur-gaur deukeut saung. Kuwu melak cangkeng bari ngulincer balong. Sardiat kalékéd nyampeurkeun nu bolotot ngomé huis.
“Déwék hayang némpo lauk, euy! Cing, pangbedahkeun! Ngeunah sigana mais lélé! Baradag temen!!!” pokna mapag nu moyongkod.
Nu dititah tiban mangga. Gebrus ka balong. Ngabedolkeun liang pamiceunan. Cai ngagewor ka kotakan landeuh. Kuwu jalang-jéléng. Jamotrot nénjo antayan tangkal kalapa lebah wates jeung sawah séjén. Kerung. Gogodeg.
“Teu sangka!! Lain ukur beja! Bener-bener!!!Silaing sok ngajualan kalapa ka saha?” Kuwu ujug-ujug nyeuneu.
“Teu pisan-pisan! Tara kumawantun!” Sardiat karék hanjat.
“Buktina! Tina ngaratus, ayeuna sia ngan lilikuran ngirim ka déwék. Duwegan dibajongkeun?”
“Apan tuang putra, nu bungsu, anu sering ngala duwegan mah.!” Sardiat ngarénghap jero. Neureuy nu ngabagegel. Kitu buktina, kalapa mun loba diala duweganana, tangtu sok nyéot ngagoréngan.
“Wani sia nyalahkeun anak déwék!!!Teu gableg cedo! Na sia poho?!! Nyatu ti tanah aing!! Gogobrog di lahan aing!!! Padu nuduh wé, siah!!!” Kuwu tutunjuk bari tipopolotot. Bangun rek sahabek-habekkeun.
Sardiat ngeluk di sisi balong. Tipepereket nahan nu ngagedur jeroeun dada. Kuwu ngawur-ngawur supata. Sagala disabit. Jalang-jéléng. Jamotrot. Sésa durukan disépak. Mang Mahdi ngaragap arit.
Balong orot. Kari samumuncangan. Ngan ahéng. Taya nu motah. Ukur hiji dua tingkocépat. Ukur impun jeung buruy minuhan unggal juru.
Sardiat sepa. Kuwu euceuy saga. Ngagejlig muru jalan.
“Sia ditungguan ku aing engké peuting!!!” Clak kana motor pulas beureum bandéra. Nyelah sababaraha kali. Teu hirup.”Teu sangka aing ngukut rinyuh!!!”
“Laukna, Pa Kuwu! Pameng tos dibedahkeun!!” Sardiat muru nu pundung.
“Lebok ku bebengok sia!! Aing melak lauk ngarébu!!”Motor teu daék hirup. Guprak, digubragkeun. Sardiat  colohok mata simeuteun. Kuwu malik. Amarah nyongkab tina matana. Pédéngkréng deui waé.  Saréréa cengkat tina ngagebot. Sardiat nyéréd léngkah ngajauhan sawah. Ngajauhan nu bangun rek mindo ngabeledug. Nyampoyong sapanjang ringkel galengan. Cicih curinghak.
Balong taya nu maliré.
“Rék kamana, siah? Nyingkahan aing!!! Nyanghareup ka dieu, koplok!!! Bapa sia  teu goblog-goblog  teuing!! Na ari sia teu ngaragap tangtungan pisan!! Ngabangsat teu kapalang!! Haat ku aing ditulungan kalah curaling!!” Kuwu bebeledagan. Siga gelap jeroeun hujan silantang. Meupeus keuyang.
Sardiat ngarandeg. Leungeunna muntang kana tihang pupuhunan. Nu ngagarebot mimiti ngabaredega. Mang Mahdi meuntasan kotakan.
“Sia, Mahdi!!! Paingan!! Ngariung jeung baragajul!!! Garong malulu!!! Saéngko sia jeung Si Diat!!! Pantesan pakaya aing tara kahakan!! Moal salah!! Ku aing dilaporkeun, siah!! Ngaranjah wé pagawéan téh!! Dasar jalma salangsara!!!” Kuwu awong-awongan lebah galengan.
“Kuwu!” Mang Mahdi nyorowok ngamangkeun arit.
“Rék naon, sia? Aing nyaho sia ukur tarik gorowok!!! Rék ngabéla  alo!!! Alus, deuleu!!! Garong ngabéla garong!!! Deuleu alo sia euweuh kabelul! Paré kalah diparabkeun ka beurit!!! Usum ayeuna déwék ménta lima kintal!!! Teu hayang kurang sasieur!!! Dikirana mayar pajeg murah!!!” Kuwu ngacungkeun peureup mapag Mang Mahdi nu ngarengkog di tengah kotakan. Aritna masih kénéh ngacung saluhureun siah. Sardiat tipepereket nyekel tihang pupuhunan, urat-urat leungeunna ranteng. Cicih kapiuhan di juru kotakan landeuh. Nu ngabaredega cul geboteun. Mimiti ngalaléngkah. Jeung aritna séwang-séwang. Muru kotakan tengah. Handapeun pisan panonpoé.
“Naha cicing Mahdi?!!! Aing teu tarima pakaya aing dirampog!!! Coba-coba kaniaya ka aing!!! Sia rék ngalawan?!! Sia ukur gédé haok! Leutik burih! Diaaaat!!! Mana tanggung jawab silaing?!! Rek digantian ku naon lauk aing?!! Kalapa aing?!!” Kuwu moncorong ka Mang Mahdi nu bangun kasima. Siga arca. Siga bebegig ngacungkeun arit. Satengahing paré héjo tapak beurit.
Sardiat kekerot. Dua leungeunna adu regeng. Pupuhunan karabut. Eusina racleng. Sardiat ngabelesat sapanjang galengan. Pupuhunan meulah angin. Ngahiuk. Ngahanca.  Meneran pisan sirah Kuwu.
Mang Mahdi katut nu ngalaléngkah. Pirang-pirang arit. Tinggarajleng ngaboro nu ngajurahroh kana kotakan.
Harita, pirang-pirang beurit tingciricit. Réwuan. Kaluar tina saban  liang. Tina saban kotakan. Mijah. Tuluy ngabring. Lir aleutan méga mendung. Muru gumplukan sawah blah peuntas.
Pananpoé katutupan méga. Oray-orayan nyangsang lebah pucuk tangkal kalapa.
Rangsak.


2005


Posted by Unknown | File under :
        Anjing. Anjing budug guak-gaik hareupeun wadah runtah. Trotoar balecrék. Girimis. Mobil tingtaridid. Macét. Knalpot ngagarerung. Klakson patémbalan.  Kota bet karasa sahéng. Saheng jeroeun simpe. Naha pédah nu ngagolak jero dada beuki ngéntab-ngéntab. Leungeun lalaunan ngusap péso anu disimpen jeroeun calana. Karasa tiis kana kulit beuteung. Seuseukeutna. Enya seuseukeutna anu tadi soré meunang ngasah. Sakeudeung deui. Sakeudeung deui baris réngsé. Réngsé. Moal aya nu disésakeun. Moal. Kabogoh aing digadabah. Anjing pisan boga dunungan téh. Cenah butuh nu babantu jang di warung sangu bogana. Hésébéléké ngolo kabogoh, sangkan daek milu ka kota, sangkan daék gawé di manéhna. Méh sapagawéan. Ari heug kalah ngabongohan. Untung kabogoh aing bébéja. Bari rawah-riwih. Peuting kamari diperkosa di warung. Anjing.
Anjing. Anjing deui waé. Satilu-tilu ngagugusur kérésék hideung. Parebut. Ragég. Silih gégél. Lir nu keur parebut bungkusan peuting. Parebut tulang-taléng kota. Guley. Wadah runtah deui waé. Paburisat. Runtahna amayatak kana trotoar. Trotoar anu leuwih becrék. Cileuncang nguyumbang. Enya, kiruh lir peuting. Lir kalangkang kota. Hujan beuki ngecrek. Kota mimiti karasa ahéng. Wangunan-wangunan rancucut. Lampu kabulusan. Taya jalma nu ngulampreng sanajan macét tuluy ngantay dimamana.  Rék teu macét kumaha apan ayeuna keur meujeuhna hajat badag. Méstakeun ulangtaun kota. Boa saréréa geus ngahunyud di balé kota. Apan lebah dinya panggung bakal ngagebur. Moal teu tohaga. Ulangtaun kota téa. Lain samanéa. Lain bantrak-bantrakeun. Mancanagara artisna ogé. Rabul ti saban benua béjana mah. Ulangtaun nu ka duarébu taun téa atuh. Duarébu taun lain mangsa sajorélat. Matak macét kieu rupa ogé. Ieu gé palangsiang nu ngarantay bari madungdungkeun knalpot jeung klakson teh, papada muru balé kota. Jandéla mobil kabéhanana narutup, kacana pulas hideung. Bangun anu disaragamkeun. Teu katoong jirim-jirim anu kajiret ku ulekan macét. Saukur mobil, knalpot jeung klakson.
Parapatan. Kamarana nu ngaramén. Taya sahulu-hulu acan. Pédah hujan kitu. Tadina mah rék ménta arak heulaanan. Méh wawanén tambah ngahuru. Geuning suwung. Ukur lampu beureum konéng héjo. Reupbray sakali séwang. Saukur reupbray. Taya hartina. Antayan mobil tingjarepat. Méh teu usik pisan. Wétan. Kulon. Kalér. Kidul. Patétéép. Ngarénghap heulaanan handapeun jalan layang. Awak geus méh juuh ku cihujan. Jibreg saawak-awak. Jibreg sotéh awak da durukan jeroeun dada mah ngabebela. Teu pareum ku cihujan. Gap deui kana péso. Sakeudeung deui. Ukur itungan menit baris nepi. Ka lebah wétan. Mapay lampu baranang toko-toko. Bras ka mol. Peuntaseun pisan mol. Si Anjing baris ngasaan seuseukeut peso. Tapi kunaon kota bet karasa simpé alahbatan kuburan. Kamarana ari jelema. Najan mobil neba minuhan jalan. Tapi teu kungsi katénjo rigig jalma. Kota téh bet siga peuting. Jempling jeroeun mongkléng. Enya najan hurung-hérang loba lampu ogé, nya angger wé mongkléng ari taya jalma mah. Maenya saréréa ngumpul di balé kota mah. Kateuteuari. Kalah sukan-sukan. Palangsiang heueuh. Aing mah. Tapi kétang mending kieu. Méh euweuh nu ngabarubahkeun pamaksudan. Moal aya nu ngahalang-halang paniatan. Kari tepung. Gabres-gabres. Males kapeurih. Mateni nu ngarampid inten beubeureuh. Ari taya jalma mah moal aya nu nganyahoankeun. Aman. Geus tinekanan bari jempling mah kari mulang deui ka kostan. Ngupahan kabogoh anu hayang mulang ka lembur. Hayang balik. Teu hayang cicing di kota. Aing gé kudu milu balik. Boa enya peuting panungtung aing mapay-mapay kota. Kota anjing.
Anjing. Itu geura. Anjing deui, anjing deui. Saukur anjing. Anjing salima-lima keur tingpurungkut handapeun jalan layang. Ngariuhan meureun. Susad-susud kana trotoar. Siga anu kalalaparan. Baregéng kacida. Ti jauhna aya deui anu tingpucunghul tina sela-sela mobil anu tingbaragug. Anjing satujuh-tujuh. Lalumpatan. Siga anu keur arocon. Anjing anu lima ngagogog semu mapagkeun. Ditémbalan kunu tujuh. Paharus-harus gogog. Mapakan knalpot jeung klakson. Di parapatan duabelas anjing ngariung. Lumayan aya sora-sora salian sora mesin. Asa aya nu ngabaturan. Tinggarogog. Maranting ngadeukeutan. Siga anu rék ngepung. Anjing téh. Aing mah. Kalah siga ka bagong ka aing téh. Arungas-ingus. Létahna kalaluar. Tinggarerem. Aing ngajega. Nyingkah siah! Tong boro anjing, peuting ieu manusa bakal dipaténi ku aing. Nyingkah! Duabelas anjing siga anu ngarawahan. Naragog lir anu keur taki-taki rék ngagabrug bagong. Gajleng. Gajleng. Gajleng. Kabéhanana ngagarajleng luhur pisan. Ngajaul luhureun sirah. Singhoréng laluncat kana luhureun mobil. Laluncatan tina luhur mobil kana luhur mobil. Ngarégélan kaca spion. Ngarégélan mobil. Dasar anjing. Anjing beuki ngalobaan teuing timarana jebulna. Sawaréh ngaréwég lampu lalulintas. Ngarénghap téh rada jero. Méméh ngagidig muru pamaksudan.
Saparat jalan bet nénjo beuki réa anjing. Di tempat parkir. Di saban toko. Di hotél. Dina gang. Dina saban tempat anu kaliwatan. Anjing bet siga raragragan ti langit. heueuh murag jeung hujan. Aing asa jadi jalma gélo. Gélo ku cinta asa teu kieu-kieu teuing. Boa gara-gara gélo ku amarah. Ku napsu. Ku timburu. Bisa jadi. Gélo ku nasib. Aing ngadudud dina séla-séla anu ngagogog. Asa ngagogogan aing puguh gé. Haramjadah. Sihungna asa rancung dina sungut aing. Létahna asa ngelél dina sungut aing. Aing tuluy ngadudud bari ngusapan péso nu asa beuki seukeut waé. Beuki diusap asa beuki seukeut. Ngabegegel dina jero sarangkana, dina jero calana. Hayang buru-buru ngalugas. Hayang buru-buru nubleskeun. Hayang buru-buru réngsé.
Méh nepi tempat anu dituju. Peuntaseun pisan mol anu keur digulung ku hujan. Kudu meuntas. Karérét di tempat parkir mol, anjing aya ratusna maranting teu puguh laku. Ukur tinggarogog semu babaung.  Reuteum dina tangkal, dina tihang-tihang lampu. Panon aing asa jadi pencrong anjing. Meuntas bari rada rancingeus da puguh apan anjing tinggarerem luhureun mobil. Aing sésélékét dina sesela mobil anu ngabaragug sanajan knalpot jeung klaksonna teu eureun ngagogog jeung babaung.
Srog. Warung sangu katénjo suwung. Taya jalma. Ukur aya tilu anjing tinggéléték dina suku-suku korsi. Ngadarapang dina méja. Bangkawarah. Siga anu geus nyaho rék dijorag. Kalah nyampakkeun anjing, si Anjing téh. Leungeun anu geus méh arék ngalugas péso tiban bisa ngadégdég. Amarah nu ngéntab-ngéntab ngeleter saawak-awak. Méja jeung korsi ditalapungan. Anjing ngagaruik. Lalumpatan kaluar. Teu kaampeuh aing ngagalaksak. Sagalarupa diawut-awut. Teu nyésa. Tapi si Anjing teu kadeuleu bungkeuleukanana. Ieu péso, ieu péso geus hayang luncat tina sarangkana. Geus kumejot hayang leupas tina calana. Kamana si Anjing téh. Ku aing disusud ka imahna. Teu jauh ieuh. Deukeut balé kota. Moal sieun ku agréngna, moal keueung ku gedéna. Dijorag ku aing imahna.
Suku aing ngabelesat mawa raga jeung amarahna. Ngabelesat meulah hujan. Meulah kota. Lumpat luhureun mobil jeung mobil, luhureun knalpot jeung klakson. Paheula-heula jeung ratusan anjing. Balé kota. Balé kota. Balé kota.
Barang nepi. Bet jadi poho blah mana imah si Anjing. Bet asa sarua kabéh wangunan téh. Hurung-herang bari simpé. Ukur anjing pating kulinting. Dimamana. Lain puluh atawa ratus. Neba. Sihungna. Sungutna. Gogogna. Babaungna. Geus dikulinting sabaraha balikan. Angger teu kapanggih. Hémeng. Padahal apan mindeng pisan ngalalar ka imahna. Kari-kari peuting ieu bet kasamaran. Sangli. Tiap wangunan sarua. Ukur anjing jeung anjing. Anu ngageder jeroeun dada lain répéh kalah beuki rosa. Leungeun angger nyekel péso jeroeun calana.
Panasaran. Ngalacat kana mobil anu pangjangkungna. Nangtung bari ngulincer. Hujan geus teu dirasa. Hujan anu lir leuweung. Ngajanteng nitenan sabudeureunana. Lebeng teu bisa manggihan imah si Anjing. Balé kota hareupeun pisan. Aya panggung gedé kacida. Lampuna rebuan juta watt. Murubmubyar. Hiasan dimana-mana. Aya musik ngemprung. Tapi taya anu surak. Ukur gogog jeung babaung anu handaruan. Tapi taya jalma. Ari anjing. Anjing pabaliut. Merul alahbatan siraru usum ngijih. Minuhan balekota. Dina panggung. saban tangkalna. Dina wangunan. Sapanjang jalan. Anjing malulu. Tina saban mobil anu kalaluar horéng anjing oge. Anjing.
Aing ngeleketey. Pirunan jeroeun dada bet karasa ngaleutikan. Peso dina jero calana bet karasa lééh. Aing ngeleketey ngaragapan dada sorangan. Ngaragapan panénjo. Aing juuh jeroeun hujan. Aing jadi hujan. Aing hayang ngajorowok tarik pisan. Hayang nyebut Gusti satarikna. Ari nu kaluar tina sungut bet jadi ngagogog. Aing ngagogog.***

2010