Pabeubeurang. Kiwil kaluar ti kantor pos. Pareng
bubaran budak sakola. Budak SMP pabeulit, rarécét. Tukang béca, tukang ojég.
Angkot ngaretém. Saurang pulisi budayut
paciweuh megatan aleutan mobil sangkan nu meuntas laluasa.
Taman kota keur pésta sorot panonpoé. Airmancurna
pareum. Kembang-kembang jeung daunna layu. Iklan roko burahay. Dina trotoar katénjo
aya nu keur shooting. Saurang pamuda gondrong janggotan keur ngarayu wanoja anu
biwirna beureum, buukna beureum. Beureum siga warna iklan roko. Nu nyekel kaméra
nyusutan késang.
“Ekseeeen!!!!” cek nu ditopi ngagorowok mapakan
sora klakson jeung knalpot.
Pamuda gondrong ngaléndéan wanoja. Wanoja
jejebris. Pamuda gondrong ngabudalkeun kekecapan. Leungeunna pepeta. Wanoja
muringis. Aya aki-aki maké seragam véteran
leumpang hareupeun nu mawa kaméra.
“Kaaaaaat!!!!” nu ditopi ujug-ujug médéngkréng.
Ngababetkeun topi. Saréréa milu médéngkréng. Aki-aki haré-haré. Leumpang
tumaninah muru tukang ojég nu keur anteng lalajo shooting. Clak. Biur. Nu
shooting masih tingpédéngkréng. Saréréa nurutan nu maké topi. Pamuda gondrong
pangangguran bari noél pipi wanoja beureum. Si wanoja sakilat malik nampiling.
Ngajenggut janggotna. Gur-ger.
Kiwil nyéréngéh bari leumpang ka pos pulisi anu
agréng bangun hayang nyaingan agréngna masjid agung. Agréngna gedung bupati.
Enya sawaréh pulisi nyaralsé di jero rohangan. Puguh atuh da aya AC sagalarupa.
Keur peujeuh mah pernahna dina iuh-iuh caringin kurung di juru alun-alun. Raos
kacida.
Pos pulisi ukur diliwat. Bati kabita hayang
ngiuhan.
Kiwil ngajanteng sakedapan handapeun tihang bandéra
di alun-alun. Buukna nu galing beuki murintil. Kaangin-angin.
Kudu ngiuhan dimana yeuh, pikirna. Masjid Agung.
Perpustakaan Daérah. Atawa joglo di taman kota. Pos pulisi rada araringgis.
Mulang ka tempat gawé lain bantrak-bantrakkeun. Morérét kieu. Kacipta kudu leumpang
nikreuh mapay trotoar. Ngaliwatan dua parapatan katiluna pertelon. Kituna mah
duit beak dipake ngeposkeun surat. Ari sugan murah singhoréng ngorédaskeun
saku. Bubuhan kilat khusus. Teu panasaran da sa surat keur bébéné di lembur. Orokaya
mulang kudu leumpang. Untungna pagawéan geus raréngsé. Kari ngeureutan hurup
jang sabloneun pesenan spanduk barudak statsion, anu cenah rék démo Palestina
tilu poé deui. Rada nyalsé éta mah gawéaneun peuting. Barina oge wayah kieu mah
pasti merul balad si Aang, ngoprék komputer, nyetélan filem indehoy. Sidik moal
bisa gawé. Da lain singkah-singkahkeuneun. Manéhna mah kadar pagawé. Maenya cucungah
ka babaturan dunungan.
Sawatara lila kalah siga
anu nangtang panas. Ngajentul gigireun tihang bandéra anu taya bandéraan. Duka
ditilepan dimana bandérana. Geus lawas Kiwil tara nénjo bandérana. Teu kawas
bandéra partai anu rapang dimamana, atawa gambar calon legislatip anu neba
alahbatan runtah. Hiji waktu éta ogé bakal jadi runtah. Pasti.
Perpustakaan Daérah. Masjid Agung. Atawa joglo
taman kota. Kiwil ngarénjag. Bet kawas. Pikiran. Haté. Atawa. Kiwil kerung. Rét
ka joglo nu pernahna peuntaseun jalan. Bréh sapasang rumaja keur silih pacok.
Filem indehoy nyirung dina lelembutanana. Laun nyirung.
“Tihang bandéra runtuh!!! Tihang bandéra
runtuuuuh!!!” jol aya nu ngagorowok satukangeunana.
Kiwil teu sirikna lumpat ngajauhan tihang bandéra.
Reuwaseun lain meumeueusan. Atuda tihang beusi sakitu jangkungna. Kacipta
ninggangna. Barang dirérét deui. Tihang bandéra angger ajeg. Aya nu gélo
cecengiran bari nunjuk ka manéhna.
“Tihang bandéra runtuh! Tihang bandéra runtuuuh!!!
Tihang bandéra katipuuu!!! Tihang bandéra katipuuu!!!!”cek nu gélo ceuceuleuweungan
bari nguiran tihang bandéra.
Kiwil tiban bisa kekerot. Leos meulah alun-alun.
Muru Masjid Agung anu sapasang menarana agréng kacida. Sup ka palataran
parkirna. Tukang jajaluk ngajajar. Lolobana awéwé dibaju karucel. Sawaréh mawa
budak. Papanasan. Padahal lain poé jumaah. Apan biasana mahabuna tukang jajaluk
lagu jumaahan. Ukur diliwat da puguh naon anu arék dibikeun. Korédas, Gusti,
sanés alim sedekah. Gerentesna bari ngadeukeutan tempat abdas.
Sup ka jéro masjid. Panas ngadadak jadi tiis.
Rut-rét. Rea nu gogoléran make baju PNS. Samalah aya nu tibra. Horéng masjid
teh jadi kantor geuningan. Bayeungyang ngaronghéap deui. Kateuteuari kalah jadi
panyumputan.
Sabérésna shalat. Kiwil kalah rut-rét nenjo nu
tinggalolér. Bet asa éra. Duka timana jebulna rasa éra. Semu wirang. Mangsana
ihtiar. Naha bet kalah hayang ngabebenah bulu mata. Kalah milu nyumput. Gancang
ngudar sila, laju ngahintul sakedapan lebah hambalan, nenjokeun sapasang sandal
capitna anu dipentrang panonpoé. Kacipta panasna lamun langsung dipaké. Rét ka
palebah tempat parkir, aya sapasang manuk nu keur silih pacok luhureun setang
motor.
Ari nu begér horéng teu weleh otél, gerentesna.
Barang nénjo ka juru tempat parkir, aya sapasang rumaja keur silih lahun
handapeun tangkal buah. Anteng kacida silih lahun bari ngiuhan. Teu ieuh
kararagok kunu lalarliwat, sok komo ku tukang parkir nu meus-meus niup piriwit
tarik kacida, sanajan taya parkirkeuneun. Nu nyirung dina lelembutan mimiti
pucukan. Bangun anu kacebor.
Kiwil panceg rék meuntasan mentrang, muru
Perpustakaan Daerah. Geus lila teu bucu-baca, bari ngadagoan iuh. Apan lalampahan
mulang masih kénéh jauh, mun dipaju asa teu purun. Leumpangna rada jéjéngkéan
da puguh séndalna karasa panas. Kaluar ti palataran masjid, ngaliwatan nu
jajaluk. Jajaran tukang dagang. Nu nyirop jeung nyedot duwegan. Papasangan,
suku pakojot handapeun meja, ari ramo rapet jeung papada ramo. Geuning dimamana,
cek haténa. Ras deui kana pirang-pirang filem indehoy nu kungsi dilalajoan, mun
pareng dunungannana nyetél, apan sok milu lalajo da puguh tempat saréna
hareupeun tivi. Daék teu daék nya milu lalajo. Di peureum-peureum gé da hésé. Nu
nyirung na lelembutan, laju mucukan, kebat ngemploh daunna.
Sapanjang leumpang geuning bet kumalangkang
mangpirang ringkang nu kungsi katenjo tina filem. Mani atra. Horéng ari nu kitu
mani napel, teu lésot-lésot tina ingetan. Kiwil mimiti ngarasa teu pararuguh.
Aya nu laun-laun gumuruh dina jero dadana. Siga aya panonpoé anu ngahuru. Léngkahna
geus bras deui ka alun-alun.
Alun-alun anu tadi. Tapi ayeuna réa pisan jalma.
Papasangan, ngariuhan handapeun tangkal caringin sarta tangkal-tangkal sejen
anu aya palebah dinya. Aya nu silih tangkeup. Silih léndéan. Silih pacok. Réa anu
tinggoléhé, silih saréan. Kiwil gasik ngagisik panonna ku leungeun anu mimiti
kesangan. Bréh éta deui. Eta deui. Sababaraha kali ngucap bari ngusap beungeut.
Tapi geuning téténjoan kalah beuki rosa. Réa anu mimiti silih udaran.
Kiwil lumpat meuntas jalan. Hayang buru-buru
ninggalkeun alun-alun. Sora klakson mirig Kiwil anu lumpat teu nolih
kenca-katuhu. Anjog ka hareupeun kantor DPR, kiwil rénghap ranjug. Teu hayang
malik katukang ka lebah alun-alun. Panenjona manco ka hareup, kana mobil anu
ngajajar di palataan parkir kantor DPR. Ambuing, mobil teh geuning aroyag kitu.
sora tingcikikik deuih. Kalah hayoh panasaran. Sup wé, tuluy nelek-nelek saban
mobil harérang. Pék dideukeutan. Ambuing, dina jéro mobil téh loba anu guley.
Dina saban mobil aya nu guley. Papasangan. Marotah kacida.
Kiwil ngahégak. Hégak anu lain ieu mah, lain hégak
pédah leumpang. Rut-rét. Satpam keur ngaguher. Mobil angger aroyag. Kantor DPR
ogé bet asa milu oyag. Siga ku lini. Gancang manéhna kebat deui kana trotoar,
leumpang semu dumaregdeg. Dina trotoar, ringkang tina filem tuluy
ngajuringkang. Teu kaampeuh. Hésé mareumanana. Siga panonpoé. Kumaha
mareumanana. Perpustakaan Daérah geus katémbong. Ngagidig semu ngagidir, Kiwil
kebat jeung hégakna. Geblus. Muru tempat maca. Mapayan buku dina saban erak.
Gap. Nyokotan sacokot-cokotna. Tuluy néangan méja. kaparengkeun aya nu kosong
lebah juru. Pas pisan jandéla. Karek ge rek diuk. Gigireunana pisan. Blah juru
pangjuruna. Sapasang rumaja diseragam SMA keur
silih rangkul na panyumputanana, da puguh rada buni kapindingan ku erak
buku.
Bruh-bréh deui. Leuwih cekas. Ayeuna mah tingjuringkang tina saban erak
buku, tina saban buku, tina saban kalimat, tina saban huruf. Ngahurup
lelembutanana. Kiwil hayang nyumput tapi geuningan teu bisa nyumput. Panon
jeung ceulina dikepung timamana. Kiwil rikat muka jandéla. Gajleng. Lumpat
notog-notogkeun karep. Geuning kalah lumpat deui ka palebah taman anu tadi. Joglo
pinuh kunu bobogohan. Anu shooting geuningan can réngsé. Kamérana ayeuna mah
nambahan. Tinggorowok anu nyebut eksen jeung kat. Pamuda gondrong janggotan
jeung wanoja buuk beureum ayeuna mah layeut alahbatan salaki pamajikan. Lebah
airmancur, anu kiwari mah hurung manceran, silihrangsadan, tuluy tinggejebur bari
baluligir. Réa kacida anu keur dishooting bari taranjang. Lebah tihang bandéra
anu gélo keur ucul-ucul sorangan, taranjang, tuluy ngangsrod kana tihang bandéra.
Kiwil geus teu maliré nanaon. Nyemprung ka palebah
kantor pos. Nubrukan veteran anu masih kénéh ngaliud. Méh titotog muru méja
pagawé tempat tadi manéhna ngirim surat.
“Punten, Bu! Pangintunkeun!” cenah haroshos.
“Ngintun naon, Cép? Apan tadi atos sérat mah!”
Pagawe Pos apaleun keneh Kiwil tadi kungsi
ngeposkeun surat.
“Pangintunkeun abdi, Bu! Kamana wé! Mun tiasa mah
kilat khusus, Bu!” Kiwil tambah haroshos. Dumarégdég. Leungeunna ngaragamang
mukaan kancing kamejana sorangan. Dumaregdeg. Tuluy rumpu-rampa kana calanana,
bangun ngudaran beubeur.
Pagawé Pos curinghak. Cengkat. Paroman semu
kaweur. Rurat-rérét ka satpam.
“Enggal, Bu! Kintunkeun abdi, kamana waé! Kamana waé,
asal ulah di dieu!!!” Kiwil teu kungsi lila geus direjengan ku satpam. ***
Kedungpanjang. 2010






0 komentar:
Posting Komentar