Imah panggung. Bilikna geus rarawék. Nini Rumi dikukutang
wungkul, ngaléléké, ngadaweung bari
ngelepus udud. Buukna ipis, huis ngulawu. Huntuna kalan témbong carang jeung harideung.
Kulitna geus karijut wungkul, tulang malulu. Nampeu ka buruan. Ngalayung.
Kalan-kalan kapireng humariring, ngahaleuang. Ngagerendeng sosoranganan. Jarauh
panineungan. Ngelepuskeun haseup. Ngumbul ka luhur, manéhna bangun anu milu
ngapung, milu ngumbul muru layung ngungun. Aya nu ngaronghéap nyoléndang
lodong, tas mulang nyadap. Tiban ngarérét anu ngadaweung. Ari anu dirérét mah,
anteng gumerendeng nyawang langit dina sesela daun kalapa. Bajing gagalacangan.
Sapasang. Tikukur kagareuwahkeun. Mabur kana tangkal anu séjén.
“iyéééé, ieung, ééééééé…tuh nya kang,
kacida teuing, geura bobot geuning da geuning geura ayon geura timbang
tarajukeun, mun bogoh sok geura lakon mun hayang geura lajukeun, ayeuna sia nu
lénjang, éééééé, méga malang nya talang soré, éééééé, iiiiieeeeung, ééééééé....,
kunaon bati laleuleus, seureuh beureum sok diuntingan, dilulunan ku daun jati,
hayang seubeuh, tuh, nya kang ku bujang nu liwat tadi, ieuuuuu, deudeuh, nya
kang, ku bujang nu liwat tadi, ngalodéh sok dina péréng, anakna katilu teuweul,
boga séndéh, nya engkang, nu pendék konéng anakna katilu eukeur, geura bobot
geura ayon geura timbang tarajukeun, mun bogoh sok geura lakon mun hayang geura
lajukeun. Ayeuna sia nu lénjang, éééééé..., méga malang talang soré….”*
Nini rumi anteng gumalindeng. Pulang anting dina katineung. Manéhna
rus-ras ka huma, ka leuweung.
Kumalangkang mangsa ngala suluh, nyacar atawa tatanén. Apanan sok bari
ngahaleuang. Kitu sok dihaleuangkeun. Sawaréh anu apal kénéh. Apanan harita mah
loba pisan wawangsalan, sisindiran jeung paparikan nu sok dihaleuangkeun
sosorangan. Batur simpé tengah leuweung. Mangsa cuang-cieung. Lain wangsal
sawangsalna, apanan mimitina mah. Manéhna sok nunutur ronggéng sakadar hayang
ngapalkeun wawangsalan. Mangbulan-bulan nunutur Ma Nisem. Ronggéng kahot jaman
harita. Nya kitu, teu langsung guguru, apanan, mulung-mulung lamun keur
ngaroroték suluh, keur sasapu, keur ngahuma, atawa keur popolah. Nutur-nutur nu
ngahaleuang tuluy diapalkeun. Kalan-kalan ngahajakeun lalajo ronggéng gunung ogé,
lain keur néangan bujang siga nu séjén.
Sakadar hayang mulungan haleuangna.
“Nyari
puguh manéh mah ngahaleuang téh, cik milu geura ngaronggéng sakali mah.
Lain ulukutek waé di leuweung.” Kitu kungsi Ma Nisem nyarita mangsa
mantuan sasapu di buruan imahna.
“Ah, teu harayang teuing, Ma. Hayang apal
wungkul wangsalna, jang batur di leuweung.” Témbalna teh kitu jeung kitu saban
diajak ngaronggéng. Da jeung kituna apan baturna mah teu sirikna
pahayang-hayang jadi ronggéng. Nini Rumi mah wéléh teu kabita, katambah-tambah
geus aya panyaram ti anggalna ku kolotna. Tapi ari kana diajar ngahaleuangna
mah laju teu eureun-eureun. Antukna sakabéh wawangsalan, sisindiran jeung
paparikan ti Ma Nisem, rumpaka ronggéng gunung turun ka manéhna. Kalan-kalan
manéhna sok nyieunan rumpaka sorangan asal nyurup kana wirahma. Keur
soranganeun ieuh, cek pikirna. Kiwari mah Ma Nisem kari waasna. Ronggéng Gunung
ge lawas taya bejana aya nu nuluykeun.
Di leuweung. Genahna kacida ngahaleuang
mah. Kitu pangrasa Nini Rumi. Dina sesela tangkal jeung rungkun, nepungkeun
kasimpé kana dahan jeung daun, patémbalan jeung mangpirang manuk. Patémbalan
jeung angin. Asa nepi nepungkeun kasono jeung nu teu kajeueung. Haleuang lir
sasak kanu teu kahontal. Bari mulungan pangpung jeung régang garing, kukumpul
suluh, ngahaleuang sorangan tara kungsi tamat, sok jol wé sora waditra dina
dadana, sora kendang, goong jeung kenong téh mucunghul ngaléng manéhna
sapanjang mideudeuh leuweung. Asa jebul tina batu, tina daun, tina manuk. Jebul
ti gunung. Atuh wawangsalan kadieuna mah sok ngadadak jebul sorangan. Alanyar
lain anu meunang diajar ti Ma Nisem, tapi ngaronghéap saharita. Kalan-kalan sok
aya nu némbalan ti jauhna, nu sarua keur di leuweung, tara ieuh hayang nyaho
saha-sahana. Papada tepung ku wirahma jeung rumpaka. Silih témbalan jeung urang
leuweung.
“iéééééé…seureuh lain di jambé lain,
samayang mah buah dalima, beubeureuh lain bébéné lain melangna kabina-bina…”*
kitu Nini Rumi ngahaleuang tengahing leuweung.
“Tikukur mah ngariung tilu, nu hiji mah
bayangan sumpit, aya bujang ngariung tilu, nu hiji mah bawaeun balik…”*
sok aya némbalan kitu, norobos daun-daun, kabawa angin.
Sok kapireng nu senggak ti sabudeureun.
Teu kanyahoan saha-sahana, da puguh taya sasaha. Senggak anu satia dina saban léngkahna.
Tuluy léngkahna sok karasa ngalayang, kumalayang ka satatar leuweung. Lir anu
nyaba ka saban jeungkal leuweung. Ari keur kitu leuweung bet karasa asa imah sorangan.
Saban tangkal jeung sato bet saroméah, ngahiap-hiap.
“Nini rék kamana?” Aya sora budak awéwé ti
jero imah, ngagentraan Nini Rumi nu geus cengkat, ngaléngkah meuntas buruan.
”Nini rék kamana?” nu ngageroan mindo.
Sirah budak awéwé nonghol tina lawang. Panonna mencrong nu tonggoy rada
nonggoh.
“Paling ka tampian.” aya nu mangnémbalkeun
ti jero imah kénéh. Sora aki-aki.
“Nya atuh, ké disusul mun geus rapih
ngakeul.”
“Heueuh, bisi kaantengan di tampian. Nini
manéh mah sok anteng ngumbar panineungan. Baheula gé remen kalangsu sapeupeuting di leuweung. Remen
dianggap leungit.” Sora batuk parna nuturkeun tungtung kalimah.
Ari Nini Rumi geus asup ka jalan satapak
nu meulah kebon. Mudun meueusan, manggih walungan leutik. Déét. Ngagenyas. Sorot
panonna ngadadak cénghar. Aya langit kumalangkang dina beungeut cai. Langit soré
pacampur jeung batu-batu walungan. Lalaunan ditincak ku Nini Rumi. Nyasar,
ngaraas genclang. Bari angger gumerendeng. Malah rada narikan. Bangun nyalukan
anu teu kaciri.
“Mandi ka leuwi, hayang seubeuh da
geuning teuteuleuman, iraha mah patepang deui, hoyong wareg sasarengan…”*
Nini Rumi geus meuntasan walungan, unggah kana jalan satapak anu bras ka kebon
awi. Leungeunna ngusap saban daun nu kaliwatan, tonggérét ngéar mapag nu
lumampah ka lawang leuweung.
“Bagéa, lawas teu kaanjangan. Sono lain
meumeueusan. Bagéa!” ujug-ujug aya nu ngabagéakeun. Sapasang nonoman. Karasép
naker. Baraju bodas. Ditotopong. Saronghéapan nu dipapag hareugeueun. Bet asa
kungsi manggih keureut jeung dedeg anu duaan. Enya kokolébatan lebah katineung.
Puluhan taun katukang. Lebah dieu pisan ogé apan kungsi amprok, geuning angger
karasép. Garandang. Gap kana kulit beungeut sorangan, rét kana kulit sorangan.
“Bagéa kamana, Kasép?” Nini Rumi nénjo
jalan satapak dibalur ku layung. Dangdaunan halibar emas. Lawang leuweung hibar
cahaya langit. Mun kongang manéhna hayang nyebut Akang kanu duaan téh, enya,
kagagas ku ingetan mangsa lawas nu ngadadak narémbongan. Rusiah anu salila ieu
disidem palangsiang bakal kabawa kapendem.
“Geus lawas apan teu nganteur kami saréréa.
Nagara leuweung sono liwat saking. Matak ayeuna ngahaja dipapagkeun ogé, saréréa
geus nganti.” Salah saurang némbalan bari ngaléng Nini Rumi, rap masangkeun
kabaya jeung karémbong. Nini Rumi nurut.
“Baruk? Naha teu ngimpi ieu téh. Geus
lain-lainna deui atuh. Geus nini-nini ayeuna mah. Lain jaman keur belejag
jagjag ngaroroték suluh kana dada leuweung.” Nini Rumi dikaléng ku duaan.
Saharita leuweung ngagentraan. Saeusi leuweung kapireng ngagentraan.
“Puguhan ayeuna geus tara aya nu
ngahaleuang tina rungkun kana rungkun. Saukur bedil jeung ragaji anu saban usik
ngukuntit leuweung. Barina oge kolot soténan di lembur, di nagara kami mah taya
nu kapulut ku umur.” Nu saurangna deui mairan bari imut.
Nini Rumi jeung nu marapag, lalaunan
nembus leuweung, nembus layung, nembus daun. Tina tangkal, kana tangkal.
Rungkun jeung rungkun. Beuki lila beuki garancang. Nini Rumi mireng mangpirang
deui haleuang nu puluhan taun kungsi raket jeung manéhna. Patémbalan dina hawa.
Hudang deui rumpaka jeung wirahma. Beuki tembus, beuki jauh. Beuki ngagendrung
sora tatabeuhan. Goong, kenong jeung kendang. Ngaweuhan. Ngahiap-hiap.
Layung surup. Cika-cika tingkaretip dina
saban daun. Lalaunan purnama kumarayap di langit. Beuki jauh nu lumampah. Muru
nu ngaweuhan, nu ngahiap-hiap. Pareng bulan nyirungkeun kalangkang. Tingkareclak
ti kajauhan. Horéng puluhan obor, lir ditebar satengahing leuweung. Tegalan
mabrak ku durukan.
“Bagéa, Rumi. Lawas taya haleuang di
nagara leuweung. Kamana waé, jungjunan. Geura makalangan mawa cahaya keur kami
saréréa. Panjak geus ngemprung ti iraha boa. Dianti unggal wanci. Bagéa, geura ajak
muntir ieu asih, ajak ngalengkah ieu tresna. ” Aya sora ngagelendrung ngabagéakeun
nu anyar cunduk. Nu duaan undur.
Nini Rumi ahéng ku panenjona nu ngadadak
eces deui nenjo dina mongkléng. Seuneu durukan jeung obor. Cika-cika. Réa anu
ngariung, diharudum sarung, tinglaliud. Bet siga keur hajat. Asa leuwih rongkah
batan gambaran nu nyaring lebah amparan katineungna.
Tatabeuhan anteng dina wirahmana. Nini
Rumi leumpang ngurilingan durukan. Bréh
anu nabeuh. Jol aya nu metot sukma jeung ragana, sarénghapan ngaléor
ngadeukeutan. Jen ngajanteng bangun neuleuman wirahma. Rumpaka jol marangkak
dina renghap jeung getihna.
“Ieeeeung, kudup turi, mandodok bulan
dadari….”** Nini Rumi lalaunan gumerendeng, lir mapat asihan.
Leungeun kéncana bangun nanggeuy ceuli, sirah rada dengdek, ngawahan.
Ngahaleuang laju mébérkeun leungeun séjénna, laju usik saeutik-saeutik marengan
wirahma. Sorana ngarambat ka jauhna. Ngusikkeun sagalarupa. Sagalarupa nu
kahontal ku seuneu. Seuneu usik. Sagalurapa nu kahontal ku bulan. Bulan usik.
Sagalarupa nu aya dina mongkléng. Méngkleng usik. Ngusikkeun leuweung. Ngusikkeun
jempling. Usik sagalana marengan usikna Nini Rumi.
Nini Rumi ngahaleuang marengan wirahma nu
nabeuh. Salagu dua lagu. Lagu katilu ngaleu bari ngibing lir kumalayang.
“kembang siang di mara désa, kembang
malati di jambé, ari hayang geura bébéja, bisi kapirandi kuring....”***
srog teh anu diharudum sarung, tingkurunyung arasup kana kalang, ngurulingan
Nini Rumi. Tingrareundeuk. Nguir, nyieun buleudan. Léngkah sawirahma. Ukur
sukuna anu katenjo. Ka luhur buni ku sarung.
Ngaléngkah sawirahma. Beuki loba anu diharudum. Minuhan kalang. Tina
lagu kana lagu. Nini Rumi anteng ngahaleuang. Nu ngaribing muntiran Nini Rumi,
anu anteng muntir sorangan. Durukan beuki ngabebela. Bulan beuki gumiwang.
Sapeupeuting sagalarupana muntir. Seuneu.
Bulan. Mongkléng. Leuweung. Jempling.
Cunduk ka subuh. Balébat ngebat. Di
pakalangan Nini Rumi diaping ku duaan, nonoman anu soréna mapagkeun.
“Kumaha rék mulang waé? Atawa rék salawasna
maturan kami? Nganteur asih kami, tresna kami ka jauhna.” Saurang nonoman
nyarita bari teu weléh imut. Imutna ka rérab sésa durukan anu masih ngabubulak.
“Ah, hayang mulang wé siga sasari, siga
baheula.” Nini Rumi rungah-ringeuh. Karek eungeuh jalma réa téh horéng geus
taya dikieuna. Teu katalingakeun ngalilesna. Saukur tiluan.
“Nya heug ari kitu mah. Omat ulah nénjo
katukang mun geus cacap nganteur.” Nu saurang deui neuteup Nini Rumi.
“Meureun panungtungan nya? Da ieu umur asa
ngahiap-hiap.” Nini Rumi cumalimba.
“Har, matak ge mending bebetah jeung
kami.” Nu duaan méh bareng nyaritana. Bangun miharep Nini Rumi teu jadi mulang.
“Ah, hayang nangkeup incu méméh mangsana,”
Nini Rumi ngajak lumampah kanu duaan.
Nu duaan jarempling. Bari ngaléng Nini
Rumi nembus leuweung. Mapay tangkal mapay rungkun. Sapanjang jalan satapak taya
nu nyarita. Ngemu keteg jeung rusiah séwang-séwang. Nini Rumi teu eureun
ngurilingkeun panénjona. Beueus.
Bras ka lawang leuweung geus méh caang.
Manuk geus gocrét. Ibun tinggarenclang.
“Nepi dieu. Pileuleuyan! Nagara leuweung
salawasna bakal misono. Asih jeung tresna ti leuweung.” Cek nu duaan
tingrarendeg tuluy malik. Mulang deui ka leuweung.
Nini Rumi unggeuk bari anteng neuteup ka
hareup, kana walungan leutik, pameuntasan ka tampian tuluy ka lembur. Geus
sababaraha kali dina katineungna, dipapagkeun ti lebah, dianteurkeun ka lebah
dieu. Weléh teu meunang nénjo kanu mulang tina nganteurkeun. Kiwari banget
panasaran. Bet hayang nénjo anu marulang. Hayang nganuhunkeun, jaba kabaya
jeung karémbong dipapaké kénéh. Laun Nini Rumi malik. Bréh. Nu duaan keur
ngadarigleu mulang. Duanana horéng buntutan. Gedé. Ngagebay belang.
Nini Rumi saharita ngarumpuyuk, mareng
jeung anu ngagorowok lebah tampian.
“Nini Rumiiii! Tingali itu Nini Rumi! Gusti!
Labuh ka walungan!!! Béjakeun ka lembur!!! Nini Rumi geus kapanggih. Gancang! Béjakeun
ka lembur!!!!!!” saurang lalaki ampir ditaranjang lumpat muru Nini Rumi anu
laju ngaringkuk di walungan. ****
Cibeureum 2010






0 komentar:
Posting Komentar