Senin, 29 April 2013

Posted by Unknown | File under :
               Hareupeun saung. Durukan ngabebela. Bangun hayang ngaduruk peuting nu jempling. Hayang ngaduruk lalancip-lalancip angin, jerit jangkrik, genggerong bangkong. Hayang ngaduruk pucuk-pucuk kalapa, méga jeung béntang nu gumeleter. Hayang ngaduruk langit.
Sardiat teu eureun nambahan suluh. Ngagarabyag. Mabra buruan saung. Sora seuneu nu gangas, nu ngahakan kai garing. Tingbeletok suluh awina. Silalatu nyieuh-nyieuh cicika, sina rabeng luhureun kotakan demi kotakan. Sawahna. Sawah nu keur disawang. Diimpleng jeroning mongkléng. Mongkléng peuting. Mongkléng haté.
Isuk panén! Gerentesna ketir. Siki-siki paré racleng dina panonna marengan serebung silalatu. Sedeng dina dadana, rébuan beurit ngasrék ngagares jajantung.
Sardiat teu eureun ngalinting bako. Cumarita jeung haseup. Seuseup deui. Nyeuseup deui. Munggah kebek dadana. Bangun hayang muput nu motah dina rasa. Kalah batuk mani ngéngkréng. Lung, dipiceun. Gap deui, ngalinting. Bari malaweung kabandang koréak gagak.
Peuting, peuting mimiti deui nihtir. Siga saratus peuting nu ngéntép na lelembutan. Lelembutan Sardiat. Nihtir. Ricit ti saban madhab. Ti galengan ka galengan. Ricit patumpang-tindih dina saban kotakan. Siga peurih saratus peuting nu kaliwat. Saratus peuting saprak ngarambét mindo. Saratus peuting nu ditahan sajeroeun tulang iga. Kiwari usik. Rampak usik. Dina tulang. Dina daging. Dina getih. Usik-usikan. Tuluy ngamalir kana saban pori-pori kulitna. Ngamalir ka saampar hawa. Kana peuting nu nihtir. Kana angin nu ricit. Kana silalatu nu merul.
Kalangkang silih kalangkangan. Kumalangkang. Rumingkang. Ringkang-ringkang. Juringkang poé pakaléng-kaléng. Kakalayangan. Jangjang hariwang.
Sardiat hayang ngarambét poé neba di mana-mana.
Keur kitu, sorot batré ngaburinyay dibarengan sora suku. Ngagesruk di pipir saung. Gigireun balong. Gesruk. Burinyay. Gesruk. Burinyay. Aya nu ngurunyung diharudum sarung. Ngajanteng sakedapan. Surat-sorot kana kotakan. Dipapay imeut. Kucrak-kecrék. Sebrot deui. Meneran pisan pupuhunan anyar nancebkeun. Sarénghapan. Disorotkeun ka jauhna. Kana tungtung amparan kotakan. Rumahuh. Tuluy dipangpéngkeun ka luhur. Ka langit. Kana béntang nu gumeleter. Lir ngintip riuk nu nyamuni satukangeun langit. Ngaharéwos sosorangan. Antara ngadunga jeung nyupata. Teu pati jéntré.
“Kadé isuk jam genep, Sujang! Kitu, cek itungan Emang!” Sora beurat semu peura.
“Diutang-itung gé moal matak untung!” Sardiat némbal, les-lesan, sabot rut-rét kana sarat jangeun pupuhunan; kana buah kawung nu ruruntuyan, kana janur, kana duwegan, nu ngarantung na palang saung.       
“Tong aral! Saréréa kapan. Mun kitu ancur sorangan!”
“Batur onaman usum kamari marucekil! Uing? Mindo dihanca si monyong! Usum kamari ngéclok ka Emang keur nyumponan nu boga sawah! Boa-boa mindo ngéclok ogé!” Sardiat neuteup nu ngajanteng, ngaliwatan pucuk-pucuk seuneu. Teuteupna lir sapasang walungan és, tuluy leyur saluhureun durukan.
“Geus ti baheulana! Nu boga sawah lalolong haté! Kanyahona kintalan paré pareng panén! Teu paduli buruh macul, harga gemuk jeung bebengok hama! Tapi, takdir kudu ditarékahan, Jang!” Mang Mahdi malik. Ngagesruk ngadeukeutan nu ngabebela. Sarungna murag kana taktak. Lalaki kolot. Kumis baplang badis ruruntuk oah. Panonna seukeut. Nengetan polah Sardiat.
Sardiat anteng nurun-nurunkeun doran, nu ngagarantung na bilik saung. Doran pacul saopat-opat diturunkeun. Hiji-hiji dibebeskeun kana seuneu.
“Nyaah, Sujang!”
“Diteundeun kalah matak heurin! Teu jadi duit!”
“Montong ngarasula!! Anggur mikir pikahareupeun! Cikan ngasaan bakona! Euleuh, jadi inget ka Bapa ilaing, Si Jenat. Bako Pasigaran, lin?” Diuk dina tangkal gedang nu ngajepat. Maut bako jeung pahpirna. Ari panon tuluy manco nuturkeun laku Sardiat nu laju ngasur-ngasur doran.
“Baheula. Déwék teu béda jeung silaing!”Mang Mahdi ngalungkeun suluh urut nyeungeut lintingan. “Na dikirana Jang Haji teu kejem kitu? Kejem! Kejem kacida! Teu béda ti Kuwu kiwari. Ngan déwék teu paya dikakaya! Tiap panén tekor, teu sirikna lir anjing manggih bagong! Déwék teu paya. Méméh digebrag. Ngagebrag tiheula. Hiji waktu, déwék ngamuk di imahna. Teu sangka, borangan! Berekah, bageur nepika ayeuna!” Ditungtungan nyéréngéh, reueus kana katineung nu dipurak. Sardiat seuri leutik. Seuri nu nyiriwik kana ati.
“Paré urut kamari moal waka kagantian, Mang?”
“Keun! Nu puguh silaing kudu boga ketak! Ulah sabar teuing siga bapa ilaing! Montong daék diidek waé! Da lain taneuh!”
Sardiat jempé. Mang Mahdi teu eureun manjangkeun kalimah. Marengan létah durukan nu beuki rongkah. Tuluy manjang unggah ti kotakan ka kotakan. Kekecapan ngeteyep dina tumpukan sora-sora peuting. Ngaduruk waktu.
Anjing babaung ti jauhna. Ti luhur pasir.
Sardiat mulang ka imah. Dina korsi. Kasampak Cicih, pamajikanana. Mapatahan nulis ka Déwi, budakna nu karak kelas dua SD. Luhureun meja. Aya sangu goréng setengah piring, coét jeung gelas taya eusian. Aya baskom héjo ditutup kaén bodas. Bari kerung, ramo Sardiat mukakeun tutupna.
“Bérés geuning?”
“Ti Mang Mahdi. Magrib ka dieuna.” Témbal Cicih. Pék ngusap sirah Déwi. Cengkat. Koloyong ka dapur. Teu lila kapireng sora cai nyurulung. Ngaronghéap geus mawa gelas cikopi. Sok hareupeun nu mencrong kénéh eusi baskom. Kana sarat Pupuhunan. Kupat. Bubur bodas, bubur beureum. Opak. Wajit. Puncak manik. Béas samangkok jeung duit kencring. Kekembangan. Menyan. Surutu. Eunteung. Jeung étém.
“Naon hartina sugah-suguh? “ Sardiat ngicip-ngicip kopi.
“Ari taeun téh! Manjangkeun lalampahan karuhun. Émut kasauran Bapa kapungkur, ulah hilap kana akar!”
“Ongkoh badé nanggap jentréng? Resep Dewi mah,  kapungkur ogé nuju aya aki. Nu ngibingna, Pa! Geuning Nini Ima mani siga nu ngapung. Siga heulang nuju muir di langit!” Déwi luncat tina korsi. Nyéta-nyéta nu nu ngibing jentréng. Gancang dihuit ku ku Cicih.
“Déwi kamari pan ngagambaran oray-orayan. Nya? Énjing urang apungkeun di sawah. Ngajak A Médi, wé! Ayeuna énggal bobo! Tos wengi! Tuh, aya anjing babaung!” Sardiat ngupahan nu nagih janji.
   “Alah uhun! Asik! Warna-warni di langit! Sing luhur diapungkeunana. A Médi téa jagoan!” Déwi lunggak-linggeuk. Cumentil. Mérésan buku. Tuluy ngagusur  Cicih asup ka kamar. Ngolo hayang dipangdongéngkeun. Sardiat nuturkeun ku teuteup.
“Kadé reksak! Buku éta warisan ti Uyut. Nuju Nini saageung Déwi. Kedah apik. Kamari dugi kamana?” Nu guntreng di jero kamar. Teu lila, bet kapireng sora Cicih  ngahariringkeun  lalakon Déwi Rengganis. Sorana tembus ka saban rohang. Rohang tengah nu heureut. Sardiat guligah sorangan. Kurulang-kuriling. Noong nu ngadongéng. Lalajo antayan sireum dina témbok. Ngintip eusi baskom. Nénjo cakcak nu nguliwed satukangeun kalénder gambar amparan sawah nu paréna meujeuhna alaeun. Lir amparan emas handapeun langit bungur. Asa aya nu ngarabut jajantungna. Mangsa sapasang beurit. Sapasang beurit luncat kana méja, tingarajleng kana ubin. Tingciricit muru dapur. Nyeblak. Asa dibalangkeun ka jurang. Bari taya pamuntangan.
Poé isuk, kuma isuk! Cek Sardiat bari ngoloyong ka kamarna. Kekedengan. Bari tagiwur. Katingtrimkeun ku sora Cicih nu lir hiliwir malati pareng bulan samagaha. Sakedapan nyieuhkeun ricit. Ngalenyap sakedapan. Di nagri impian Sardiat nénjo rebuan beurit ngahanca pupuhunan, ngahanca sanggar jeung eusina. Merul satangtung tangkal-tangkal kalapa. Ngagares lembur. Ngagares nagara. Ngagares mangsa.
Lilir sakedapan. Hawar-hawar wawacan Rengganis bet kapireng jadi nu ngaji. Walungan ayat suci nembres ngamalir jeung ingsreuk. Rét. Dina ubin. Saluhureun sajadah kucel. Cicih geus dimukena nyanghareupan kitab.
Isuk-isuk. Panonpoé geus moncorong. Sardiat ngaléngkah bangun teu napak. Langlayangan oorayan gupay-gapuy dina tonggong Déwi. Hareupeunana. Srog ka sawah. Nu dibuat aranteng. Ngarit paré di unggal sisi. Ipis naker. Tengahna héjo cawérang. Taya alaeun.
“Ari ilaing siga lain turunan tukang tani! Langlayeuseun siga langlayangan kapakan.” Mang Mahdi nyenghor.
Sardiat ancrub ka sawah. Laju milu ngalaan paré. Guntreng jeung arit. Saarit-aritna.
Hawa panén ngungun. Tarungkul jeung arit séwang-séwang. Nu réngsé, maju ngagebot. Ukur Déwi nu jigrah noongan puncak manik. Oray-orayan ngibing saluhureun pucuk kalapa rawing.
Méh saréréa ngeureuyeuh ngagebot. Sada motor digaur-gaur deukeut saung. Kuwu melak cangkeng bari ngulincer balong. Sardiat kalékéd nyampeurkeun nu bolotot ngomé huis.
“Déwék hayang némpo lauk, euy! Cing, pangbedahkeun! Ngeunah sigana mais lélé! Baradag temen!!!” pokna mapag nu moyongkod.
Nu dititah tiban mangga. Gebrus ka balong. Ngabedolkeun liang pamiceunan. Cai ngagewor ka kotakan landeuh. Kuwu jalang-jéléng. Jamotrot nénjo antayan tangkal kalapa lebah wates jeung sawah séjén. Kerung. Gogodeg.
“Teu sangka!! Lain ukur beja! Bener-bener!!!Silaing sok ngajualan kalapa ka saha?” Kuwu ujug-ujug nyeuneu.
“Teu pisan-pisan! Tara kumawantun!” Sardiat karék hanjat.
“Buktina! Tina ngaratus, ayeuna sia ngan lilikuran ngirim ka déwék. Duwegan dibajongkeun?”
“Apan tuang putra, nu bungsu, anu sering ngala duwegan mah.!” Sardiat ngarénghap jero. Neureuy nu ngabagegel. Kitu buktina, kalapa mun loba diala duweganana, tangtu sok nyéot ngagoréngan.
“Wani sia nyalahkeun anak déwék!!!Teu gableg cedo! Na sia poho?!! Nyatu ti tanah aing!! Gogobrog di lahan aing!!! Padu nuduh wé, siah!!!” Kuwu tutunjuk bari tipopolotot. Bangun rek sahabek-habekkeun.
Sardiat ngeluk di sisi balong. Tipepereket nahan nu ngagedur jeroeun dada. Kuwu ngawur-ngawur supata. Sagala disabit. Jalang-jéléng. Jamotrot. Sésa durukan disépak. Mang Mahdi ngaragap arit.
Balong orot. Kari samumuncangan. Ngan ahéng. Taya nu motah. Ukur hiji dua tingkocépat. Ukur impun jeung buruy minuhan unggal juru.
Sardiat sepa. Kuwu euceuy saga. Ngagejlig muru jalan.
“Sia ditungguan ku aing engké peuting!!!” Clak kana motor pulas beureum bandéra. Nyelah sababaraha kali. Teu hirup.”Teu sangka aing ngukut rinyuh!!!”
“Laukna, Pa Kuwu! Pameng tos dibedahkeun!!” Sardiat muru nu pundung.
“Lebok ku bebengok sia!! Aing melak lauk ngarébu!!”Motor teu daék hirup. Guprak, digubragkeun. Sardiat  colohok mata simeuteun. Kuwu malik. Amarah nyongkab tina matana. Pédéngkréng deui waé.  Saréréa cengkat tina ngagebot. Sardiat nyéréd léngkah ngajauhan sawah. Ngajauhan nu bangun rek mindo ngabeledug. Nyampoyong sapanjang ringkel galengan. Cicih curinghak.
Balong taya nu maliré.
“Rék kamana, siah? Nyingkahan aing!!! Nyanghareup ka dieu, koplok!!! Bapa sia  teu goblog-goblog  teuing!! Na ari sia teu ngaragap tangtungan pisan!! Ngabangsat teu kapalang!! Haat ku aing ditulungan kalah curaling!!” Kuwu bebeledagan. Siga gelap jeroeun hujan silantang. Meupeus keuyang.
Sardiat ngarandeg. Leungeunna muntang kana tihang pupuhunan. Nu ngagarebot mimiti ngabaredega. Mang Mahdi meuntasan kotakan.
“Sia, Mahdi!!! Paingan!! Ngariung jeung baragajul!!! Garong malulu!!! Saéngko sia jeung Si Diat!!! Pantesan pakaya aing tara kahakan!! Moal salah!! Ku aing dilaporkeun, siah!! Ngaranjah wé pagawéan téh!! Dasar jalma salangsara!!!” Kuwu awong-awongan lebah galengan.
“Kuwu!” Mang Mahdi nyorowok ngamangkeun arit.
“Rék naon, sia? Aing nyaho sia ukur tarik gorowok!!! Rék ngabéla  alo!!! Alus, deuleu!!! Garong ngabéla garong!!! Deuleu alo sia euweuh kabelul! Paré kalah diparabkeun ka beurit!!! Usum ayeuna déwék ménta lima kintal!!! Teu hayang kurang sasieur!!! Dikirana mayar pajeg murah!!!” Kuwu ngacungkeun peureup mapag Mang Mahdi nu ngarengkog di tengah kotakan. Aritna masih kénéh ngacung saluhureun siah. Sardiat tipepereket nyekel tihang pupuhunan, urat-urat leungeunna ranteng. Cicih kapiuhan di juru kotakan landeuh. Nu ngabaredega cul geboteun. Mimiti ngalaléngkah. Jeung aritna séwang-séwang. Muru kotakan tengah. Handapeun pisan panonpoé.
“Naha cicing Mahdi?!!! Aing teu tarima pakaya aing dirampog!!! Coba-coba kaniaya ka aing!!! Sia rék ngalawan?!! Sia ukur gédé haok! Leutik burih! Diaaaat!!! Mana tanggung jawab silaing?!! Rek digantian ku naon lauk aing?!! Kalapa aing?!!” Kuwu moncorong ka Mang Mahdi nu bangun kasima. Siga arca. Siga bebegig ngacungkeun arit. Satengahing paré héjo tapak beurit.
Sardiat kekerot. Dua leungeunna adu regeng. Pupuhunan karabut. Eusina racleng. Sardiat ngabelesat sapanjang galengan. Pupuhunan meulah angin. Ngahiuk. Ngahanca.  Meneran pisan sirah Kuwu.
Mang Mahdi katut nu ngalaléngkah. Pirang-pirang arit. Tinggarajleng ngaboro nu ngajurahroh kana kotakan.
Harita, pirang-pirang beurit tingciricit. Réwuan. Kaluar tina saban  liang. Tina saban kotakan. Mijah. Tuluy ngabring. Lir aleutan méga mendung. Muru gumplukan sawah blah peuntas.
Pananpoé katutupan méga. Oray-orayan nyangsang lebah pucuk tangkal kalapa.
Rangsak.


2005


0 komentar:

Posting Komentar