Selasa, 30 April 2013

Posted by Unknown | File under :
(1)
Sapeupeuting gelap teu eureun. Guludug tingbeledug. Langit gumuruh. Siga anu rék runtuh saharita. Saréréa ngaringkeb manéh jeroeun imah. Saréréa? Horéng aya nu ngajanteng lebah Pos Ronda. Sapeupeuting ngabedega mencrong hujan, nyanghareupan langit nu keur motah. Saban gelap ngabeledag manéhna ngacungkeun peureup buleud. Peureup buleud nu beuki lila beuki ngeleter.
“Merdékaaaa!” kitu jorowokna. Ngan samerdéka-merdékana anu kaluar tina biwirna. Kalan-kalan sok kadéngé ogé ngagerendeng humariring bari dumarégdég.
Ngan édas, da puguh hujan silantangan. Sora ukur ngulibek di pos ronda. Teu nepi kamamana. Ukur pulang-anting dina dirina. Sorana teu bisa ngungkulan sora hujan, sora gelap jeung guludug. Sorana ukur soranganeun.
Sorangan. Sirahna dibeungkeut kaén merah putih. Dina dadana anu taranjang, ngajeblag tato Garuda Pancasila. Leungeun kencana nyekel bambu runcing. Ari leungeun katuhu teu eureun meureup ka langit. teuing meureupan saha. 

(2)

            Lebah dieu ogé silantangan. Alun-alun. Alun-alun siga anu rek kakeueum. Lebah jalan aspal nu laju ukur cai. Lampu-lampu kakeueum hujan. Toko-toko siga ngahodhod. Gedong-gedong ukur belegbeg, siga ririwa. Taya nu ngulampreng. Aéh, geuning aya nu ngajanteng handapeun caringin kurung. Sapeupeuting cungelik katirisan. Ngemitan langit, nuguran gumuruh. Mun pareng aya kilat ngabarasat. Awakna oyag-oyagan.
“Yun, ayun ambing…”kitu hariringna. Sakitu-kituna. Ieu mah biwirna anu ngeleter téh, geunteul, ngeleter teu eureun-eureun. Buuk gimbalna méh rancucut. Pakéan rawékna baseuh. Kitu deui aisan nu tuluy usik, ayun ambing. Aisan nu duka naon eusina. Moal boa kanyaah nu kari raheutna. Boa kétah.
Ngahariring keur saha. Da puguh saukur haréwos nu méh pegat-pegat.  Teu wasa ngahontal daun. Kalah ngalayang kana jukut anu becrék. Meureun nyerep kana akar. Boa kétah. Nu puguh mah hariring diseuseup ku sorangan.
Sorangan. Noroktok jeung tulang sorangan.

(3)

Di terminal sarua waé. Hujan, gelap jeung guludug. Komo lebah dieu mah, leuwih saheng jeung gumuruh. Bubuhan hujan ninggang kenténg séng. Mobil tingjarepat siga bangké. Aya kénéh jelema nu  ngaringkuk luhureun kardus. Siga nu talibra ngeukeuweuk impian, duka lamun ngeukeuweuk ajal. Talibra? Manahoréng aya nu norowéco di hiji juru. Bari peureum. Curukna acung-acungan. Leungeun kéncana nyekel sapu nyéré. Kalan katingalina siga nu keur ngahitar. Kalan siga anu keur nyapuan awak sorangan. Nyapuan diri sorangan.
“Pun sampun…”ih, sada ngarajah semu ngalindur. Teu kebat da éta jeung éta wé. Siga saawak-awak ngeleter. Awak nu bégang, tinggal daki jeung budug. Biwirna siga nu imut, siga anu humarurung. Sakiceup seuri, sakiceup ceurik. Teu diamparan kardus da manéhna mah cicing jeroeun kardus. Kardus badag nu geus pejét. Nengah awakna nu katingali. Bubuhan manéhna sila andekak. Siga dalang. Sapu nyéré sok tuluy diwayang-wayang, osok ogé tuluy ditatangkeup.
Rajah naon atuh. Geuningan teu kebat sok komo tamat.  Sakadar nyerebung dina kardus. Taya kebul-kebul nu muput alakpaul. Saukur muguran jero gumuruh. Meureun kebek muput dada sorangan. Dada nu ragas. Nyarangsa dina iga. Iga. Iga sorangan.
Sorangan. Pepeta bari peureum.

(4)

Geuningan di dieu mah hujan bet siga aya nu ngabagéakeun. Pajaratan. Saban kilat ngempray sajorélatan. Taneuh beureum. Tetengger jeung tetengger. Sidik di dieu mah nyaan talibra. Da puguh geus béda alam apan pangeusina ogé. Kétah, palangsiang keur tingselendep ataawa ngulincer dina samoja nu keur marangkak bodas. Sok ngagurilap mun kilat ngajorélat. Apan taya nu hirup lebah dieu mah. cek saha? Itu, aya nu keur ngagecruk maculan taneuh. Ngabelegbeg. Sora gecrukna pacul nyelendep. Siga wirahma jeroning hujan. Gecruk. Gecruk. Nyulusup siga lagu jeroning mongkléng. Poék apan ari pajaratan mah, da tara aya nu pirajeuneun masang lampu. Tapi bet asa jadi karasa buni.
“Pangjugjugan! Pangjugjugan…!” Sora nu maca sajak. Gurunggusuh semu rumahuh. Ngan sakecap-kecapna. Bulak-balik. Lamokot ku belok. Saawak-awakna taneuh beureum. Bobolokot. Kalan-kalan nyakakak, kalan-kalan ngagerung humaregung. Laju ngagecruk.
Sajak naon atuh. Kalah ragot jeung taneuh beureum. Sakecap, ukur sakecap. Némpasan hujan, murag kana liang nu mimiti ngarandakah. Teu ieuh ngungkulan gumuruh, kalah leyur jeung cileungcang. Boa mulang kana kana ragana sorangan. Raga nu teu eureun nyieun liang. Boa ngaruang sorangan.
Sorangan.

(5)

Sapeupeuting gelap teu eureun. Guludug tingbeledug. Langit gumuruh. Siga anu rék runtuh saharita. Saréréa ngaringkeb manéh jeroeun imah. Saréréa? Horéng aya lumpat ti lebah Pos Ronda. Bubulucun. Buligir. Lumpat mapay-mapay gang. Lumpat tataranjang ka lebah jalan. Bari ngajorowok bangun hayang ngetrokan saban imah. Bangun hayang ngahudangkeun anu keur ngogojod dina impian. Duka lamun keur ngetrokan diri sorangan, ngahudang-hudang diri sorangan.  Manéhna ngajorowok bari ngacungkeun bambu runcing. “Sudah bébas negeri kita….!”



Kedungpanjang 2011



0 komentar:

Posting Komentar