Senin, 29 April 2013

Posted by Unknown | File under :
Peuting meredong.
Méga mendung ngagurayot luhureun imah panggung di juru lembur.
Séah walungan halon norobos runggunuk dapuran awi ti gawir nu pernahna pipireun imah, tepung jeung kelik sit uncuing dina ramo-ramo angin. Sora cihcir, caricangkas sarta jangkrik tingkarayap tina galengan sawah. Sora bangkong ti jauhna.
Angin ngoléséd tina pucuk kana daun.Péténg tingkérésék. Angin parat ngusap kalakay nu nyimbutan lemah, tumpukan suluh nu kabulusan, ngarayap ka bilik nu karancang.
Dapur. Ukur kacaangan ku ruhay lebah hawu. Remeng. Panto ka juru imah méléngé. Aya cahaya kakalicesan ti dinya. Cempor. Mérékétét luhureun bupét, diteuteup dua pasang panon ti dua foto hideung bodas. Bilik katerapan kaléndér wungkul,dua lawang ka enggon ngaréndéng ditutupan ku samping. Korsi paungku-ungku ngariung méja.
Dina salah sahiji korsi. Ma Satin, waruga nu kaseuseup umur, nyarandé malaweung kana cempor, leungeunna anteng ngaramesan buuk. Jandela siraheunana ngagebur, silalatu tingarapung. Sora seuneu ngahakan kai.
Di buruan. Durukan ngabebela, ngéntab-ngéntab. Suluh pabalatak. Nukangan golodog. Nukangan lawang panto nu ngaliglag. Jana diuk dina jojodog ngagesruk ngasah bedog.  Nyanghareupan durukan, nyanghareupan jalan satapak muru lembur. Buukna ngaroyom nutupan beungeut. Saban aya sora sok gentak mencrong ka palebah jalan nu ukur poék ngabelegbeg. Ngarampaan seuseukeut bedog. Ramona-ramona gumeleter.
Korsi naggerét di jero imah. Ma Satin ngajurungkunung. Semu bongkok. Lalaunan,lir kelemeng, malik kana jandéla. Léngkah digusur. Nyampai lebah lawang, nyerangkeun nu ngasah.
“Siga-siga rék hujan, Sujang!” pokna pondok. Sorana beurat.
Jana tiban ngadangheuak. Mencrong jauh bangun hayang ngobét naon nu aya satukangeun mendung.
“Taya bédana, Ma! Rék hujan atawa henteu. Lalakon angger baris karandapan.” Témbalna bedas sabot ngarongkong cai na émbér, disiuk ku dampal leungeun,dikucurkeun kana bedog. Gesruk deui ngasah.
“Mun enya hujan téh lebar temen durukan. Puguh mani asa mabra.”
“Bongan sorangan tuda,” Jana ngarenghap, menerkeun buuk. Ngahuleng sakedapan, “ Puluh-puluh taun hirup mopoék. Sainget uing imah saukur lilin jeung cempor. Siga imah mayit. Asa di kuburan, Ma! Ari Ema bangun genah, tingtrim. Sok mindeng nu sindir sampir, pajar teh: “ Imah dukun téa!” Samalah aya nu togmol kieu : “ Tuh! Minculak pisan. Dasar calon eusi naraka! Sétan malulu éta mah! Sétan marakayangan!” uing apan harita tuluy maok patromak di masigit. Teu kaburu dicaangkeun.”
“Heueuh! Ku Ema harita dipulangkeun deui! Kalakuan nanahaon barangpaok ti masigit, ti leuweung onaman.”
“Ema nyarékan laklak dasar ka uing. Uing bolon kénéh. Tapi apan harita, masigit jarang nu ngeusi. Da poék ogé masigit mah moal aya nu ngareken gogobrog tukang teluh.” Jana bangun nahan kekecapan nu hayang paheula-heula dibekaskeun.
“Masigit mah salawasna aya nu ngeusi, Sujang. Katénjo atawa teu katénjo.” Ma Satin diuk dina lawang, memener samping.
“ Geus nyarékan. Ema kalah ceurik kanyenyerian.sapeuting jeput. Uing nanya ukur dijawab ku inghak. Tujuh poé ti harita Ema, unggal peuting teu nyeungeut nanaon. Kalah ngahajakeun. Apan guyur, majar Ema keur neluh pangeusi masigit.” Jana nuluykeun lamunan, miceunan kekecapan kana létah durukan nu diulinkeun angin.
“Da Ema mah lain dukun. Nyaho apan maneh gé, Sujang?” Ma Satin malaweung deui. Katineung muput lelembutanana. Méga mendung mangsa lawas, tinggulayun.
Gelap di langit miheulaan kalimah ti Jana.
Jana neundeun bedog luhureun asahan. Nangtung. Babatek. Ngasur-ngasurkeun suluh nu pabalatak. Ma Satin hésé béléké turun ka golodog. Dampal sukuna lalaunan nincak tatapakan tina batu walungan. Neuteup Jana, durukan jeung bedog.
Séah walungan beuki harus pacampur jeung tinggeletukna batu. Lamat-lamat kelik sit uncuing asa ngajauhan, asa ngadeukeutan.
“Lamun bener sok neluh batur, uing bakal téga ninggalkeun!” Sora Jana bangun kacampuran ku rumahuh.
“Geus lawas Ema hayang nénjo manéh bubuara, mulan-malén. Mulang mun lebaran. Mawa pamajikan. Mawa budak. Meureun ema ngasaan mangku incu.” Ma Satin mantuan ngasurkeun suluh. Teu lésot panonna tina pucuk seuneu nu tingarigel.
Angin ngaronghéap deui. Tiris nu ahéng. Bangun dikirim  ti guha-guha katineung. Kalong tinggeleber tina tangkal kana tangkal. Guligah mekar na hawa.
“Ti baheula mula. Omongan Ema ngan kitu jeung kitu. Ninitah uing indit. Majar, ambéh nambah pangalaman. Majar, kahirupan ayana saluareun imah.paribasa, kudu siga Nabi Adam nu luas aprak-aprakan ngajajah saban leuweung jang nepungan ringkang Hawa. Uing sorangan hayang. Banget hayang. Ngumbara, nyiar kipayah di dayeuh. Nangtungkeun hirup. Bosen ngajualan suluh jeung maokan kai ti leuweung. Hayang  ngajaran pirang gawé sarta kaulinan nu ukur ngadéngé tina béja.” Jana ngaléngkah ka jalan satapak. Neungeutan nu mongkléng.
“Apan Ema geus ngajujurung,” Ma Satin pipilueun nyaliksik sabudeureun imah.
“Rék kumaha luas indit, mun nénjo kaayaan indung nu anteng miceun manéh tina kahirupan. Anteng nunggelis dina mongkléng. Saha bakal nalingakeun,saha nu bakal nyumponan pangabutuhna. Saha nu rék ngayahoankeun mun tumiba nanaon.”  
“Kahariwang manéh wungkul, Sujang!. Hirup Ema kari sajengkal deui. Taya gunana dipikamelang.” Ma Satin ngoloyong ka pipir. Rurat-rérét. Srog kana tumpukan suluh. Mulang deui kana durukan geus ngagémbol suluh. Bruk diteundeun deukeut durukan.
“Anak mana nu teu melang ka indung. Mun uing indit ka saha uing nitipkeun? Apan urang teu boga dulur, teu boga baraya. Tumpur apan cek dongéng Ema. Cuang-cieung. Anak mana nu téga ninggalkeun indung, indung nu anteng dina kakeueung, teuleum dina katineung.”
“Loba tatangga.”
“Tatangga? Apan Ema sorangan nu geus megatkeun rénghap jeung rénghap balaréa!” sora Jana ngabedasan deui. Ngaléngkah muru durukan. Nénjokeun Ma Satin nu ngurilingan seuneu.
“Manéh, Sujang, nu dikeukeuweuk kamelang mah. Kudu luas ari hayang siga Nabi Adam mah.” Ma Satin anteng ulin jeung seuneu. Siga budak manggih cocoan. Manggih dunya nu baranang.
“Uing geus gilig rek bébéla ka Ema! Uing lain Adam, Ma! Adam onaman teu moboga indung! Indung nu…,” Teu kebat Jana nganggeuskeun kalimah. Kapegat ku sora ngagorobas di pipir. Gentak ngajewang bedog. Dipapay ka pipir. Kana dapuran-dapuran awi. Kana séah jeung geletuk batu.
Sawatara lila Ma Satin ngajanteng, panénjona nuturkeun ringkang Jana nu ngiles dina poék. Aya cimata ngeclak kana durukan. Gancang disusut. Kuriling deui ngasur-ngasur suluh, nu saéstuna geus ngabérés nganti sihung seuneu.
“Naon,Sujang?” cek Ma Satin mapag nu ngaronghéap.
“Teuing! Teu kasampak nanaon.” Témbal Jana pondok. Bedog teu diécagkeun. Tungtung kalimah nu tadi,  ngagantung na lelembutanana.
“Apan aya Si Cioh nu haat ka Ema,” Ma Satin bangun surti. Nuluykeun hanca.
“Bi Cioh? Minggu kali. Témpo-témpo aya bulanna. Kungsi Bi Cioh ngajak bebetah di imahna. Uing bungah, tapi Ema kalah kéképéhan. Da  cenah teu wasa ninggalkeun imah, teu wasa ninggalkeun kalangkang Bapa jeung Aki. Padahal keur naon ulukutek mikiran nu geus euweuh. Sakuduna nangtukeun kahirupan jang poé isukan. Kalah ngubur karep.”
“Montong ngomong kitu, Sujang!” Ma Satin nyentak.
Langit dihias tatit sakedapan.
“Peuting mangkukna. Bi Cioh tinggal ngaran, diséréd ku jalma réa sapaparat jalan.”Jana bangun neureuy saban kekecapanana. Ngulincer ngintip paroman indungna. Taya riuk nu kateguh.
“Baruk? Si Cioh geus miheulaan? Da talajakna kitu, sok purah dudukun. Pintér kana tulah-téluhna. Teu beunang dicaram.” Sora nu nembal datar, taya geter kareuwas atawa karisi. Datar lir lapang nu lega teu kaukur tungtungna.
“Naha Ema bisa dalit jeung dukun? Dukun layeutna jeung dukun. Naha bet Bi Cioh nu deukeut, lain ibu-ibu nu getol pangaosan?”
“Si Cioh batur ti bolon. Mangsa Bapa jeung aki manéh dipergasa,ukur manéhna nu haat ngabaturan nulungan. Manéh dina jero beuteung kénéh. Si Cioh ogé nu ngagedekeun haté Ema sangkan nuluykeun hirup. Saéstuna harita geus pondok pangharepan. Béla pisan, Jang! Samalah nu marajian manéh gé, si Cioh pisan.” Kalimah Ma Satin ngembeng lir cimata.
“Cenah, Bi Cioh guguru ka Ema,” Jana tuluy nyilidik.
“Ema mah teu boga élmu nanaon. Kapeurih mah enya.”
“Naha urang bet kaséréd kalakuanana?”
“Nya nu kieu nu dingaranan takdir.”
“Uing teu ngarti kana takdir.”
“Teu kudu ngarti, cukup ku surti. Takdir hamo bisa dipungkir”
“Takdir! Cek saréréa bapa uing komunis, cek saréréa indung uing dukun teluh…”
“Lain.Bapa manéh lain komunis!” Ma Satin ngajengkat tina durukan. Unggah kana golodog. Diuk deui lebah lawang.
“Lain kumaha? Cek saréréa! Malah cenah aya catétanana di désa ogé.” Jana malik nyereng.
“Aki manéh nu komunis mah. Kekentongna. Pangbedangna, teu hayang giluk jeung jalma réa. Salawasna nyieun bibit pacéngkadan. Bapa manéh mah lain. Getol ka masigit ti jaman budakna ogé. Tara pipilueun nanaon.” Kalimah Ma Satin bet pinuh ku inghak.Panonna ngadadak nénjo kalangkang salakina, kalangkang salakina dina raga Jana nu ngabedega nyekel bedog. Kajadian nu lumangsung puluh taun katukang narémbongan. Cékas. Nembrak. Lebah dinya pisan, salakina ngalugas bedog mapag abrulan jalma réa nu micua sarta rék néwak akina Jana. Lain rék néwak,da puguh samagréng pakarang. Rék diraponan, dirogahala. Nu datang kacida lobana ngepung ti unggal juru. Patingjorowok. Salakina lir pahlawan nu béla ka kolot. Getih ngabayabah. Tina awakna nu sakeudeung gé ngajoprak niban lemah. Akina Jana nu nyumput di jéro. Diboro. Taya bédana jeung salakina.
Ma Satin ngaheruk. Nungkup beungeut.teu wasa nénjo ka buruan. Inghak ditahan. Getih jeung durukan awor dina lelembutanana. Mangsa cimata karasa rék bedah. Ma Satin muru ka jéro imah. Nyuuh dina leungeun-leungeun korsi.
Jana tatanggahan. Ngawawas langit. Nyawang nu ngaronghéap. Girimis. Girimis mimiti tingkareclak. Nyiram durukan. Buruan. Daun nu usik jeung angin. Nyiram warugana.
“Peuting, lir takdir, sampurna keur uing,” gerentesna duka ka saha. Angger mencrong langit mongkleng. Cai nu ngeclak kana kulitna, teu ieuh karasaeun tiris. Sabab keur Jana waktu leuwih nyecep batan nanaon. Waktu lir congo péso nu diteueulkeun sapanjang kulitna. Waktu nu ngulincer rék nyecebkeun papastén.
Girimis jeung pucuk seuneu.
Séah jeung tingbeletukna batu beuki atra. Sora-sora peuting tambah mijah. Angin nyiriwik. Aya kalakay kumalayang kahélangkeun, ragrag ninggang sirah Jana.
Taya isarah nanaon ti lebah jalan satapak. Jana hemeng. Asa teu salah dédéngéan. Nembres kénéh caritaan Mang Darman jeung pada baturna. Yén indungna rék dileungitkeun ti ieu lembur. Siga Bi Cioh. Cangcaya eunteup dina haténa. Boa teu jadi indungna rék dipergasa.
Miceun panasaran Jana ngulincer ka sakuriling imah. Nalingakeun saban nu nyurigakeun, sarta nengetan saban sora nu ngaronghéap. Jol deui ti pipir.mawa suluh sahunyudan. Ngagédéan durukan. Pucuk-pucuk seuneu ngajangkungan. Silalatu rabeng kana sela-sela girimis.
Teu lésot tina bedog. Jana unggah kana golodog. Malik deui. Ka jalan satapak. Sajongjonan ngadédéngékeun sora caah, sora batu, sora sato sarta sora langit. Ngararasakeun nu campuh jeroeun dadana. Hawar-hawar kapireng nu nyegruk. Haténa tambah ngarakacak. Buntu laku. Blus ka jéro imah, ngadeukeutan bupét. Ngagedean cempor. Kerung barang nénjo teu manggih foto nu puluhan taun cicing deukeut cempor. Horeng keur dikeukeupan ku indungna. Teu barang geureuh. Jeung bedog ngoloyong asup ka kamarna.
Sada dipan ngarekét.
Ma Satin cengkat. Ngusap panon ku tonggong leungeun. Rét ka buruan. Seuneu ngagugudag. Rét kana cempor. Haseup hideung ngelun tina liang semprong. Foto diteundeun lebah parantina. Susur-sasar kana kolong bupét. Nangtung deui geus nyekel lilin. Diseungeut ku korék api.
Cahaya lilin laun ngadeukeutan lawang kamar. Nyingraykeun samping nu nutup lawang. Mongkléng peuray ku cahaya lilin. Jana keur ngusapan seuseukeut bedog.
“Sakali deui Ema rek ngingetan, Sujang! Mending henjung geura indit. Tinggalkeun Ema. Ema geus sadrah kana naon bae nu bakal tumiba. Ulah teuing mikiran Ema. Geura lunta, sing lampar. Ema bakal bagja. Bagja, Sujang! Sanajan ema kudu mungkas lalakon teu jauh beda jeung Aki manéh, Bapa manéh.” Ma Satin angger kapireng dareuda sok sanajan sora ngahaja sina tatag.
“Cadu kudu luncat ninggalkeun indung!”
“Ulah nuturkeun napsu, Jalu!” Ma Satin ngadeukeutan Jana. Ngagerendeng bangun mapatkeun dunga.
“Sagala ku uing bakal disanghareupan. Cumah indit ogé. Ringkang ema bakal salawasna ngajuringkang sapanjang hirup.”
“Anggur nurut ka Ema. Sangkan manjang kulawarga urang. Teu pegat nepika manéh. Manéh nu bagéan ngaruntuykeun turunan. Kabagjaan nungguan manéh!” Ma Satin ngusap sirah Jana. “Ema nu baris ngajaga imah, jeung Bapa manéh katut Aki manéh. Bagéan manéh nepungan poé isukan.”
“Poé isuk, getih uing, Ma!” Jana kekerot. Bangun hayang nguniang ninggalkeun kamar. Tapi kalah neundeun bedog kana méja. Semu berat. Awakna nyangheuy, tuluy ngagolédag. Laju nangkuban.
“Montong gurat batu siga Bapa manéh…!” kalimah peunggas marengan rénghap nu nyelek.
Ma Satin oyag. Ngagésér kana siraheun Jana. Remeng katut kelemeng milu oyag. Kamar asa ngarieg.
“Uing moal mundur sacongo buuk.” Sora Jana bet ilang bedasna.
“Hadé! Hadé ari panceg mah. Anggur saré heula, Sujang! Saré sing tibra siga manéh keur orok. Sing tibra, nepi ka alam pangimpian. Sing tibra. Sabab di kamar ieu pisan, manéh gubrag ka alam dunya. Tibra!” Ma Satin kapireng ngagerendeng deui, semu ngadunga, campur ngarajah, tuluy ngahariring ayun-ambing.
Lilin oyag. Sora-sora tambah mijah luareun jandela kamar.
Aya leungeun ngarongkong bedog.
Leungeun jeung bedog ngalayang.
Lilin pareum.
Mongkléng.
Sada nu ngadék. Sada nu ngagerung. Sada nu ngadék. Sada nu ngagerung. Sada nu ngadék. Sada nu ngagerung.
Sada nu nyegruk.
“Hampura, Kang! Tinimbang ku batur. Leuwih hadé babarengan. Geura papag, Bapa! Kang, geura papag anak jeung pamajikan anjeun!”
Sada nu nyisit. Sada nu nubles. Sada nu ngaguprak.
Simpé di kamar.
Sakuriling imah Ma Satin. Tingketeyep mangpirang jalma. Srog kana durukan. Leungeun-leungeun parebut suluh jeung seuneuna. Tingkareteyep deui. Suluh nu sareuneuan ditareundeun di kolong imah, dina unggal juru-juruna. Durukan nguriling imah. Salah saurang mamawa jalikén, manjur-manjurkeun eusina kana bilik sakurilingna, ogé golodog. Rikip pisan. Ati-ati.
Tingkarileus deui. Mangsa seuneu mimiti ngahakan imah.
Séah caah ngajadi gumuruh. Gumuruh pinuh batu. Angin suar-séor. Sit uncuing ngurilingan lembur. Langit saukur dor-dar gelap. Hujan kateuing ragrag di mana.
Peuting ngabebela di juru lembur.



Jatinangor, 2002

0 komentar:

Posting Komentar