Anjing. Anjing
budug guak-gaik hareupeun wadah runtah. Trotoar balecrék. Girimis. Mobil
tingtaridid. Macét. Knalpot ngagarerung. Klakson patémbalan. Kota bet karasa sahéng. Saheng jeroeun simpe.
Naha pédah nu ngagolak jero dada beuki ngéntab-ngéntab. Leungeun lalaunan
ngusap péso anu disimpen jeroeun calana. Karasa tiis kana kulit beuteung.
Seuseukeutna. Enya seuseukeutna anu tadi soré meunang ngasah. Sakeudeung deui.
Sakeudeung deui baris réngsé. Réngsé. Moal aya nu disésakeun. Moal. Kabogoh
aing digadabah. Anjing pisan boga dunungan téh. Cenah butuh nu babantu jang di
warung sangu bogana. Hésébéléké ngolo kabogoh, sangkan daek milu ka kota, sangkan
daék gawé di manéhna. Méh sapagawéan. Ari heug kalah ngabongohan. Untung
kabogoh aing bébéja. Bari rawah-riwih. Peuting kamari diperkosa di warung.
Anjing.
Anjing. Anjing
deui waé. Satilu-tilu ngagugusur kérésék hideung. Parebut. Ragég. Silih gégél.
Lir nu keur parebut bungkusan peuting. Parebut tulang-taléng kota. Guley. Wadah
runtah deui waé. Paburisat. Runtahna amayatak kana trotoar. Trotoar anu leuwih
becrék. Cileuncang nguyumbang. Enya, kiruh lir peuting. Lir kalangkang kota.
Hujan beuki ngecrek. Kota mimiti karasa ahéng. Wangunan-wangunan rancucut.
Lampu kabulusan. Taya jalma nu ngulampreng sanajan macét tuluy ngantay
dimamana. Rék teu macét kumaha apan
ayeuna keur meujeuhna hajat badag. Méstakeun ulangtaun kota. Boa saréréa geus
ngahunyud di balé kota. Apan lebah dinya panggung bakal ngagebur. Moal teu
tohaga. Ulangtaun kota téa. Lain samanéa. Lain bantrak-bantrakeun. Mancanagara
artisna ogé. Rabul ti saban benua béjana mah. Ulangtaun nu ka duarébu taun téa
atuh. Duarébu taun lain mangsa sajorélat. Matak macét kieu rupa ogé. Ieu gé
palangsiang nu ngarantay bari madungdungkeun knalpot jeung klakson teh, papada
muru balé kota. Jandéla mobil kabéhanana narutup, kacana pulas hideung. Bangun
anu disaragamkeun. Teu katoong jirim-jirim anu kajiret ku ulekan macét. Saukur
mobil, knalpot jeung klakson.
Parapatan.
Kamarana nu ngaramén. Taya sahulu-hulu acan. Pédah hujan kitu. Tadina mah rék ménta
arak heulaanan. Méh wawanén tambah ngahuru. Geuning suwung. Ukur lampu beureum
konéng héjo. Reupbray sakali séwang. Saukur reupbray. Taya hartina. Antayan
mobil tingjarepat. Méh teu usik pisan. Wétan. Kulon. Kalér. Kidul. Patétéép.
Ngarénghap heulaanan handapeun jalan layang. Awak geus méh juuh ku cihujan.
Jibreg saawak-awak. Jibreg sotéh awak da durukan jeroeun dada mah ngabebela.
Teu pareum ku cihujan. Gap deui kana péso. Sakeudeung deui. Ukur itungan menit
baris nepi. Ka lebah wétan. Mapay lampu baranang toko-toko. Bras ka mol.
Peuntaseun pisan mol. Si Anjing baris ngasaan seuseukeut peso. Tapi kunaon kota
bet karasa simpé alahbatan kuburan. Kamarana ari jelema. Najan mobil neba
minuhan jalan. Tapi teu kungsi katénjo rigig jalma. Kota téh bet siga peuting.
Jempling jeroeun mongkléng. Enya najan hurung-hérang loba lampu ogé, nya angger
wé mongkléng ari taya jalma mah. Maenya saréréa ngumpul di balé kota mah.
Kateuteuari. Kalah sukan-sukan. Palangsiang heueuh. Aing mah. Tapi kétang
mending kieu. Méh euweuh nu ngabarubahkeun pamaksudan. Moal aya nu
ngahalang-halang paniatan. Kari tepung. Gabres-gabres. Males kapeurih. Mateni
nu ngarampid inten beubeureuh. Ari taya jalma mah moal aya nu nganyahoankeun.
Aman. Geus tinekanan bari jempling mah kari mulang deui ka kostan. Ngupahan
kabogoh anu hayang mulang ka lembur. Hayang balik. Teu hayang cicing di kota.
Aing gé kudu milu balik. Boa enya peuting panungtung aing mapay-mapay kota.
Kota anjing.
Anjing. Itu
geura. Anjing deui, anjing deui. Saukur anjing. Anjing salima-lima keur
tingpurungkut handapeun jalan layang. Ngariuhan meureun. Susad-susud kana
trotoar. Siga anu kalalaparan. Baregéng kacida. Ti jauhna aya deui anu
tingpucunghul tina sela-sela mobil anu tingbaragug. Anjing satujuh-tujuh.
Lalumpatan. Siga anu keur arocon. Anjing anu lima ngagogog semu mapagkeun. Ditémbalan
kunu tujuh. Paharus-harus gogog. Mapakan knalpot jeung klakson. Di parapatan
duabelas anjing ngariung. Lumayan aya sora-sora salian sora mesin. Asa aya nu
ngabaturan. Tinggarogog. Maranting ngadeukeutan. Siga anu rék ngepung. Anjing téh.
Aing mah. Kalah siga ka bagong ka aing téh. Arungas-ingus. Létahna kalaluar.
Tinggarerem. Aing ngajega. Nyingkah siah! Tong boro anjing, peuting ieu manusa
bakal dipaténi ku aing. Nyingkah! Duabelas anjing siga anu ngarawahan. Naragog
lir anu keur taki-taki rék ngagabrug bagong. Gajleng. Gajleng. Gajleng. Kabéhanana
ngagarajleng luhur pisan. Ngajaul luhureun sirah. Singhoréng laluncat kana
luhureun mobil. Laluncatan tina luhur mobil kana luhur mobil. Ngarégélan kaca
spion. Ngarégélan mobil. Dasar anjing. Anjing beuki ngalobaan teuing timarana
jebulna. Sawaréh ngaréwég lampu lalulintas. Ngarénghap téh rada jero. Méméh
ngagidig muru pamaksudan.
Saparat jalan
bet nénjo beuki réa anjing. Di tempat parkir. Di saban toko. Di hotél. Dina
gang. Dina saban tempat anu kaliwatan. Anjing bet siga raragragan ti langit.
heueuh murag jeung hujan. Aing asa jadi jalma gélo. Gélo ku cinta asa teu
kieu-kieu teuing. Boa gara-gara gélo ku amarah. Ku napsu. Ku timburu. Bisa
jadi. Gélo ku nasib. Aing ngadudud dina séla-séla anu ngagogog. Asa ngagogogan
aing puguh gé. Haramjadah. Sihungna asa rancung dina sungut aing. Létahna asa
ngelél dina sungut aing. Aing tuluy ngadudud bari ngusapan péso nu asa beuki
seukeut waé. Beuki diusap asa beuki seukeut. Ngabegegel dina jero sarangkana,
dina jero calana. Hayang buru-buru ngalugas. Hayang buru-buru nubleskeun.
Hayang buru-buru réngsé.
Méh nepi
tempat anu dituju. Peuntaseun pisan mol anu keur digulung ku hujan. Kudu
meuntas. Karérét di tempat parkir mol, anjing aya ratusna maranting teu puguh
laku. Ukur tinggarogog semu babaung.
Reuteum dina tangkal, dina tihang-tihang lampu. Panon aing asa jadi
pencrong anjing. Meuntas bari rada rancingeus da puguh apan anjing tinggarerem
luhureun mobil. Aing sésélékét dina sesela mobil anu ngabaragug sanajan knalpot
jeung klaksonna teu eureun ngagogog jeung babaung.
Srog. Warung
sangu katénjo suwung. Taya jalma. Ukur aya tilu anjing tinggéléték dina
suku-suku korsi. Ngadarapang dina méja. Bangkawarah. Siga anu geus nyaho rék
dijorag. Kalah nyampakkeun anjing, si Anjing téh. Leungeun anu geus méh arék
ngalugas péso tiban bisa ngadégdég. Amarah nu ngéntab-ngéntab ngeleter
saawak-awak. Méja jeung korsi ditalapungan. Anjing ngagaruik. Lalumpatan
kaluar. Teu kaampeuh aing ngagalaksak. Sagalarupa diawut-awut. Teu nyésa. Tapi
si Anjing teu kadeuleu bungkeuleukanana. Ieu péso, ieu péso geus hayang luncat
tina sarangkana. Geus kumejot hayang leupas tina calana. Kamana si Anjing téh.
Ku aing disusud ka imahna. Teu jauh ieuh. Deukeut balé kota. Moal sieun ku agréngna,
moal keueung ku gedéna. Dijorag ku aing imahna.
Suku aing
ngabelesat mawa raga jeung amarahna. Ngabelesat meulah hujan. Meulah kota.
Lumpat luhureun mobil jeung mobil, luhureun knalpot jeung klakson.
Paheula-heula jeung ratusan anjing. Balé kota. Balé kota. Balé kota.
Barang nepi.
Bet jadi poho blah mana imah si Anjing. Bet asa sarua kabéh wangunan téh.
Hurung-herang bari simpé. Ukur anjing pating kulinting. Dimamana. Lain puluh
atawa ratus. Neba. Sihungna. Sungutna. Gogogna. Babaungna. Geus dikulinting
sabaraha balikan. Angger teu kapanggih. Hémeng. Padahal apan mindeng pisan
ngalalar ka imahna. Kari-kari peuting ieu bet kasamaran. Sangli. Tiap wangunan
sarua. Ukur anjing jeung anjing. Anu ngageder jeroeun dada lain répéh kalah
beuki rosa. Leungeun angger nyekel péso jeroeun calana.
Panasaran.
Ngalacat kana mobil anu pangjangkungna. Nangtung bari ngulincer. Hujan geus teu
dirasa. Hujan anu lir leuweung. Ngajanteng nitenan sabudeureunana. Lebeng teu
bisa manggihan imah si Anjing. Balé kota hareupeun pisan. Aya panggung gedé
kacida. Lampuna rebuan juta watt. Murubmubyar. Hiasan dimana-mana. Aya musik
ngemprung. Tapi taya anu surak. Ukur gogog jeung babaung anu handaruan. Tapi
taya jalma. Ari anjing. Anjing pabaliut. Merul alahbatan siraru usum ngijih.
Minuhan balekota. Dina panggung. saban tangkalna. Dina wangunan. Sapanjang
jalan. Anjing malulu. Tina saban mobil anu kalaluar horéng anjing oge. Anjing.
Aing
ngeleketey. Pirunan jeroeun dada bet karasa ngaleutikan. Peso dina jero calana
bet karasa lééh. Aing ngeleketey ngaragapan dada sorangan. Ngaragapan panénjo.
Aing juuh jeroeun hujan. Aing jadi hujan. Aing hayang ngajorowok tarik pisan.
Hayang nyebut Gusti satarikna. Ari nu kaluar tina sungut bet jadi ngagogog.
Aing ngagogog.***
2010






0 komentar:
Posting Komentar