Senin, 29 April 2013

Posted by Unknown | File under :
Hah. Tuuuiiiiiiiit. Sora hapé ngajuit. Sada bom rék ngajelegur téa. Ngajuit anu kasabarahpuluhkalina. Gap. Gancang dibaca. Dimana, Ayang? Angger ari geus kieu téh. Teu kaop wé. Jauh saeutik pasti ngerewih. Hayang panggih lah, hayang dianteur lah. Jeung hayang-hayang séjénna. Padahal karék tadi silihgaléntoran. Acan lila. Ukur jam-jaman. Kagok ayeuna mah. Maca can tamat. Hanca ti jaman naon. Teu kaur dek. Sok aya we gogodana.
Hapé dibalangkeun. Dekul deui kana buku. Hapé ngajuit deui. Ukur direrét. Asa rada keuheul. Nambahan sabaraha kaca. Juit deui. Ngarawél bantal. Ditindihkeun kana hapé nu kekejetan. Jep.  Uleng nunutur aksara jeung kecap. Lieur sabenerna mah maca buku téh. Loba kerungna. Sabab meusmeus kalimah ésémés anu tadi nyayang dina lambaran anu dibaca. Dimana, Ayang? Eta geus kadéngé deui waé ngajuit handapeun bantal. Siga beurit nu kabekem. Nyel téh. Hapé dicokot tuluy dibantingkeun. Nenggel pisan kana tembok. Brak. Mancawura.
Tapi nu ngajuitna geuning teu leungit. Kalah leuwih kerep. Kerep. Juat-juit. Ti mamana. Tina saban sesemplékan hapé. Kasebelan. Buku dibalangkeun. Ngotéténg néangan sapu. Disapukeun sina ngahiji. Sup kana kantong kérésék. Gurudug ka pipir imah. Mawa pacul. Gecruk. Gecruk. Nyieun lombang sabot nu juat-juit tuluy maceuh dina kantong kérésék. Gebrus diasupkeun kana lombang. Dikubur saharita kénéh.
Rénghap. Asa ku arahéng kieu poé téh. Tacan gé réngsé neundeun pacul. Jol aya deui sora ngajuit. Pipir imah pinuh kunu sora ngajuit. Taneuh. Tangkal. Dangdaunan. Tingjaruit. Najis. Naha jadi kieu carita téh. Eusi ésémés. Anu tadi. Dimana, Ayang? Bét kabaca di mamana. Aya di mamana. Kamana beungeut nyanghareup. Di lebah dinya aya kalimah tadi.  Dipeureumkeun kalah leuwih kadeuleu.
Rurusuhan asup deui ka imah. Reuwas. Boa pangaruh lapar, tetempoan jeung dédéngéan jadi teu eling. Tapi geuning nya kitu. Jero imah gé pinuh kunu ngajuit. Sada bom rék ngabeledug di mamana. Dina katél. Panci. Kompor. Piring. Gelas. Bari ngajepat kalimah eusi ésémés. Geblus ka kamar mandi. Kitu kénéh. Keran. Gayung. Eunteung. Wadah sabun. Sikat gigi. Bak. Toilét. Ngajuit bari dipinuhan aksara. Leuwih-leuwih ti dijungjurigan ieu mah.
Hiji-hijina jalan nya kudu nepungan anu ngirim ésémésna. Meureun bakal eureun sagalana.  Bakat ku kaweur méh waé kebat mangprét ka luar. Ari ras ukur dikokolor jeung kaos sangsang.  Gancang lumpat deui ka kamar. Orokaya. Nu ngajuit geuning nyiliwuri di mamana, nu ngajepat ngaririwaan di mamana. Saimah-imah. Mani asa rék sabeled-beledugna wé bom teh. Hayang nyokél panon jeung nyocokan ceuli. Ngadaregdeg ngajéwang baju jeung calana anu ngagantung dina kapstok. Kapstok ogé ngajuit. Barang rap kana baju jeung calana. Kasebelan. Baju jeung calana oge sarua. Ngajuit. Tapi da kumaha deui. Maenya kudu tataranjang. Asa maké baju bom anu pinuh ku kalimah ésémés. Boa bakal kabaca ku saréréa. Paduli. Asa-asa geus asup kana gélo ieu téh.
Belenyeng. Mapay gang. Teu sirikna hayang lumpat satarikna. Rék teu kitu kumaha da puguh sagalana ngajuit jeung ngajepat. Gang pungkal-péngkol. Muringkak. Da saban kadéngé ngajuit. Saban tingkerejet sagalana. Tuluy ngajepat kalimah.
Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang?
Héh. Kaluar ti sungut gang. Ngadadak poho kana jalan. Gusti. Kebek hayang geura nepungan SI Ayang. Tapi kamana. Kénca. Katuhu. Lempeng. Kamana. Naha bet ngadadak poho. Diubek eusi sirah nu aya ukur nu ngajuit jeung kalimat anu ngajepat. Tobat. Ieu sirah naha jadi kieu. Cilaka. Beungeutna ogé teu nyampak. Na kamana ingkahna ingetan. Nénjo mobil bet siga hapé anu tingsalebrut. Balap. Patarik-tarik. Silihsiap. Bari ngajuit tarik pisan. ngajepat atra pisan. Jalma teu jauh béda. Tingaraleut di trotoar. Aya nu ngagedig. Nu lénglé. Nu pacekel leungeun. Nu angkaribung. Nu ngadorong roda. Nu ngalamun. Anu hohoak. Kabéhanana bet mirupa hapé. Rupa-rupa hapé.
Ayang, na dimana ari salira, Ayang? Tibalik. Ayeuna jadi sasambat kanu tadi nyambat. Da jeung enyana apan ieu mah kudu tepung. Sangkan sagalarupana mulang deui ka asal. Panyakit moal cageur lamun teu panggih jeung akar lantaranana. Ti dinya sungapanana. Tapi kudu kamana. Kota  kalah asa ngepung kieu. Suku ngaléngkah sakahayangna. Remen rundag-randeg. Da puguh apan tetempoan jeung dédéngéan kitu béhna. Teu kaur ngaléngkah. Ngagebeg jeung ngaranjug. Jalma. Mobil. Gedong. Kabéhanana mirupa hapé. Nu ngajuit. Ngerejet. Bréh kalimah nu éta-éta kénéh.
Anjog ka parapatan. Luut-léét késang. Leuleus awak. Leuleus haté.  Boa ieu anu disebut gélo téh. Méh ngalémpréh handapeun jalan layang. Tipepereket meureumkeun panon jeung nutupan ceuli ku leungeun. Sanajan angger taya bédana. Kalah tambah parna. Nyaan, hayang nyokél panon jeung nyocokan liang ceuli. Hayang nyoplokeun panon jeung ceuli. Naon hartina panon jeung ceuli ari sakadar nyiksa mah.
Ayang, Dimana, Ayang? Jojorowokan geus puluhah kali. Genggerong nepika garing. Tapi taya nu némbalan. Rét kana lampu beureum. Héjo. Konéng. Boa dijero lampu beureum. Geuning loba nu tingkurunyung dina kerejep lampu beureum. Monyét luncat ti dinya méméh tuluy jadi hapé nu runyah-renyoh. Kurunyung budak leutik mawa tanggungan, mawa koran, mawa gitar, mawa dagangan. Monyét jeung budak leutik tingkurunyung tina kerejep lampu beureum. Tingkalayang. Barang nincak aspal jleg wé jaradi hapé. Ngajuit. ngerejet. Pinuh ku aksara. Sésélékét dina antayan hapé nu minuhan jalan.
Teu talangké. Térékél naékan lampu beureum. Meureun nyumput di dinya. Can ogé laksana. Sora nu tingjaruit beuki tarik. Loba leungeun ngarawél awak. Diguguyeng. Dibalangkeun. Nangkarak bengkang dina trotoar. Lampu beureum kaburu jadi hejo. Bangkawarah. Asa enya si Ayang cicing di dinya. Apan kungsi ngajak nguriling ti lampu beureum ka lampu beureum. Niténan saban anu ngarenghap jeroeun lampu beureum.
Ngagidir. Gap kana batu. Belewer. Malédog lampu beureum nu pareum. Hayang sina peupeus. Hayang nyaho jerona. Na atuh gampleng téh. Bangkieung.  Gancang lumpat barang nénjo aya hapé maké baju pulisi. Ngajuitna alahbatan naon.
Derengdeng deui. Asa diuudag rébuan hapé. Nu ngajuitna siga bom arék ngabeledug. Lumpat sakalumpat-lampét. Geus teu mireungeuh tincakeun. Padu deregdeg wé. Lumpat teu eureun-eureun. Asa hayang nepi ka tungtung bumi. Asa hayang nepi ka tempat pangsuninna. Hayang reureuh tina nu ngajuit. Ngerejet. Ngajepat.   
Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang? Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang?
Hoh.  Tipaparétot kénéh. Poé geus reup-reupan. Galuang-galéong. Titajong tarik pisan. jurahroh. Irung nyium taneuh. Taneuh beureum. Gundukan taneuh beureum. Réa kembang luhureuen taneuh beureum téh. Horéng kuburan anyar. Gancang cengkat bari ngabirigidig. Ieung geuning astana. Naha bet jol ka dieu. Kuburan mani neba. Kuburan kota. da taya iuh-iuh tatangkalan. Meureun tadi titajong kana tetengger.
Rénghap. Asa jempling. Rut-rét. Enya jempling pisan. boa Si Ayang aya di dieu. Pédah wé ngadadak jempling. Asa rék nepi kana nu dijugjug. Enya, siah. Pasti di dieu. Keur susulumputan. Hayang ucing sumput. Siga lamun keur otél paduduaan. Apan sok ngadadak ngaleungit hayang ditéangan.
Arék dihongkeun siah. Mun kapanggih rek langsung ditangkeup jeung dikerekeb. Bongan ngaririwaan. Keteyep mapayan unggal makam. Dipapay hiji-hiji bisi nyumput satukangeun tetenger. Atawa témbokan makam anu rada luhur. Dipapay. Imeut. Taya nu kaliwat. Sakapeng nepika ngalangsud bakat ku sieun kaperego kunu nyumput. Kalan bari ngaharewos. “Dimana, Ayang?”  Harewos anu semu haroshos. Hayang geura tepung.
Meh tujuhbalikan. Eta astana dikuriling. Lebeng. Geuning teu kapanggih. Mulang deui kana kuburan anyar. Jol dipapag sora nu ngajuit. Kuburan ngerejet. Dina tetengger ngajepat kalimat nu éta-éta kénéh. Tah, siah. Di dieu. Meureun méré isarah. Kabeneran. Rét aya singkup ngagolér teu jauh ti kuburan éta. Sigana tinggaleun sabada ngurebkeun. Teu talangké. Kuburan anyar digali deui. Moal salah di dieu. Ayang, salira bet nyumput lebah kuburan.
Gecruk. Gecruk. Peuting mimiti ngaringkeb. Lampu mimiti caraang ti lebah jalan. Teu karasa ngagali geuning geus jero. Nu ngajuit beuki sidik jeung kerejetna. Gecruk. Gecruk. Beuki jero beuki meredong. Barang kadéngé ngageduk. Tah, geuning. Nepi ogé. nyangkeredong dina meredong. Samar-samar boéh. Gancang dirawél. Dibedol. Dipangku. Beuki ngajuit, beuki ngerejet. Ayang, salira naha bet nyumput dina boéh. Hésébéléké dipanggul ka luhur. Ngaliwatan gundukan taneuh nu uruy.
Boéh lalaunan dibuka. Ari bréh. Horéng hapé saukuran jelema. Hapé nu geus jadi bangké.
Ayang, Ari Ayang dimana? Gorowok deui.
Harita. Ti unggal makam kadéngé meh rampak tingjaruit. Tingkerejet. Kalimah nu éta-éta kénéh ngajepat dina saban tetengger. Harita bulan kumarayap nyaangan astana. Bulan di langit karérét ngerejet ogé. langit ngajuit jeung ngerejet tuluy kalimah éta téa minuhan langit peuting. Nya, Harita ogé aya nu tingkedepruk ngarungkup awak ku karung.
Tuuuuiiiiiiit. Dimana, Ayang?..... ****

Kedungpanjang 2011

0 komentar:

Posting Komentar