: 7, 3 skala richter
Kami ngajentringkeun girimis
sapeupeuting, ngiciprit sapanjang rengat wangunan nu marapat saampar kota. Kana
gang-gang anu ngahunyudkeun ruruntuhan, jalan-jalan anu rekah sarta taman anu
pasiksak. Kami hayang nyiram tapak kekecapan salira anu ngarongheap tadi sore, sarongheapan
ngeplokeun waktu, ngarieg-rieg tihang langit.
Kami ngajentringkeun girimis
sapeupeuting, maluruh lulurung dina
saban padalisan sajak, mapay lolongkrang kalimah, nyasar sela-sela
kecap, ngarampaan jungkrang hurup. Kami hayang sumerep kana akar kekecapan
salira nu ngalilirkeun lini wanci, ukur tilu kecap dina itungan detik, apan
harita detik ngajanggelek gegendir, sarta kahirupan muruluk saampar kota kami.
Kami ngajentringkeun girimis
sapeupeuting, ruruhitna ngabayak lebah sajadah lampah, mulang deui niruk raga.
Lir rebuan dunga anu runtuh jeung suhunan masjid, kami kemit jeung daun jeung angin,
ngurilingkeun wening sakurilingbungking malar kekecapan salira kabaca
genclangna kapulut halimpuna.
Ciamis, 13 ramadhan 1430
0 komentar:
Posting Komentar