Sora jam saléndro
ti jero imah heubeul pulas bodas, nu sawaréh jandélana ngaremplong kénéh, ngelentrung salapan kali. Nyalabarkeun
halimpu lalampahan waktu. Ngahontal pakarangan. Jam salapan peuting. Peuting
katiga. Tengah taun.
Bulan ngaringkang
ti blah wétan, nepungan angkrék pulas bungur nu mangkak lebah juru pakarangan. Saurang
wanoja dina korsi, handapeun béntang nu baranang, handapeun langit anu bangun
nabeuh gending nyinglar ulas-ulas méga. Handapeun lénglang nu ngahaleuang. Wanoja
ngaderes angin nyecep. Nyeuseup nu lawung. Cahaya jeung sambuang. Kalimah bulan
mugurkeun ngungun angkrék bungur, pulas nu ngadadak ngawihkeun dalingding tembang
kasmaran lebah peuting katiga. Wanoja ngarasakeun aya nu milu mangkak lebah
jero dadana. Najan teu surti kana basa nu keur lumangsung harita. Rea ungkara
jeung wirahma nu teu mibanda sora. Aya nu sosonoan. Silih hontal. Ngahontal
rohang-rohang simpé lebah haténa. Aya nu usik jadi igel lebah urat-urat
getihna. Ah, mun Manehna geus cunduk
meureun bakal rea kalimah ngarongheap nepikeun harti saban nu usik. Wanoja
gumerentes sorangan.
Wanoja ngarénghap.
Namperkeun rénghap bulan, rénghap angkrék. Nyorangan.
Sinta. Wanoja
tea. Buukna nu galing laun katebak angin, lir daun sapakarangan. Siga gugupay.
Gugupay kanu rek jol nedunan janji anu kungsi kalisankeun. Kitu pisan.
Nyorangan di pakarangan. Nganti nu lawas miang. Miang mawa mangpirang harepan,
nyimpen katineung anu laun-laun rosa jadi kahariwang. Nganti Manehna. Manehna
anu nu baris mulang tengah taun ayeuna. Saukur saregang kalimah, anu lima taun
katukang dipasrahkeun ku Manehna, anu ngagariskeun jirim wanci nu kudu dianti.
Sinta nganti pinasti. Peuting ieu. Tina menit kana menit. Moal boa saban
detikna oge. Tina detik kana detikna asa anggang. Ngangkleung. Lir meuntasan
sagara anu motah.
Sinta ngusap
pangdiukkan kosong gigireunana. Dina korsi ieu pisan. Korsi anu diajangkeun
duaneun. Sinta jeung Manehna salawasna mulan mun pareng bulan purnama. Madungdengkeun
kasakten cahaya anu tohaga ngaruntuhkeun wewesen mongkleng. Kalan-kalan
ngararampa gumiwang langit, mapandekeun jeung ngemprayna dada sewang-sewang.
Mulang. Mulang.
Mulang kana panineungan. Hiji peuting nu
sejen. Peuting katiga nu sejen. Lima taun katukang. Nya harita pisan Manehna
neuteup ku teuteup anu lian ti sasari. Teuteup anu sejen. Anteb. Museur. Tapi
geuning kalah ngalahirkeun kelemeng leuweung keueung. Tangkal-tangkal anu
rarembet dak dumadak ngolebat jeung halimunna anu mupus saban rarambu, mupus
saban jalan. Sakedapan purnama gumeleter. Cahaya paregat tuluy muguran jadi
sirung dimanana, ngungun pulas bungur.
Mimitina tina
korsi. Teuteup eta kiwari bet asa ningker sabudeureun. Jadi teuteup anu leuwih
sejen dina implengan. Aheng. Asa nyalingker dina pucuk tihang bandera, anu
tambang pangerekna bangun katirisan misono kelebet . Ngintip tina saban daun
samoja. Ngeteyep sapanjang pager.
Ah, isarah
kalan-kalan sakadar isarah, Sinta mapalerkeun geter anu teu kabaca rusiahna.
Tuluy ngimpleng-ngimpleng nu baris ngarongheap lebah panto pager. Meneran dinya
pisan. Handapeun neon jalan. Manehna biasana ngajanteng heula. Meungkeut buuk
panjangna. Nyekeskeun korek api, nyeungeut roko. Roko bodas. Mentol. Satutasna
tilu kali nyerebungkeun haseup, nyurungkeun panto beusi. Sora nu ngageret
manjang. Manehna ngalengkah. Kaos hideungna. Calana levisna. Ransel biruna. Tara
kamamana deui. Lempeng muru korsi ieu. Korsi nu kiwari karampa haneut. Lir
haneut awak Manehna. Peuting ieu mah. Geus diniatan mun geus katenjo
rentang-rentang ringkangna Manehna, Sinta arek mapag kaluar. Arek
mangnyeungeutkeun rokona. Arek mangmukaeun panto pager. Arek dikaleng muru
korsi. Arek nembongkeun kasono.
Paduduaan. Ukur
paduduaan. Silihlawungkeun kalangkang nu dipaparinkeun ku bulan. Saban
purnama. Mun paduduaan, Sinta apal, Manehna
bakal ngamimitian murak ringkang nu kajuringkangkeun sabulan campleng. Sorana
semu gumeleter bangun anu nyidem usum tiris. Haseup rokona nu langgeng nyerebung
muput saban kekecapan. Tuluy ngalelebah
naon anu keur diguntrengkeun daun kana daun. Ngimpleng-ngimpleng nu
diharewoskeun angin. Saeusi pakarangan
sok tuluy diwawaas caritana sewang-sewang. Cenah mah tihang bandera miceuceub
tangkal samoja. Ari daun migeugeut taneuh, Bet siga carita anu ngagambarkeun kahirupan.
Tara bosen ngabandungan nu tuluy ngamalirkeun gerentes. Ti purnama ka purnama.
Manehna salawasna ngasongkeun dunya nu anyar keur Sinta, ngasongkeun sagara
jeung parahuna. Balayar. Lalayaran sapanjang peuting, sapanjang purnama..
“Sinta, Bulan
tara jalir kana janjina. Ngan mega kalan-kalan wangkedang memeh usumna.” Kitu
cek Manehna dina geter sora anu sejen. Dina hiji peuting anu sejen tea. Dina
teuteupna anu sejen.
Lima taun. Manehna ngiles. Musna. Taya iber
atawa beja, estuning simpe. Da kitu carek duanana. Sinta ukur mulasara saban
geter anu namper ku jempling. Api-api jempling, saestuna kasono motah ngajaul
jadi pucuk-pucuk guligah nu ngaduruk kalbuna. Saban purnama sapanjang lima
taun. Sinta ukur nepungan korsi nu molongpong. Dadana asa gorowong. Asa aya
ajag nu nu ngagorogotan rohang-rohang dada. Tuluy babaung sapanjang waktu.
Sinta nyirian
wanci ku angkrek pulas bungur. Sakadar nandaan mangsa. Satutasna Manehna miang.
Apan Sinta tuluy dikawinkeun ku kolotna. Siga carita Siti Nurbaya. Dijodokeun.
Teu kungsi amprok heula. Langsung pruk jatukrami. Sakadar tuhu ka sepuh. Taya
bogoh atawa geugeut. Estuning taya geter. Teu burung geuning lungsur-langsar
rumahtanggana. Kalan-kalan Sinta sok ngahelas mun nyanghareupan salakina. Enya.
Salakina teu apaleun nu dipihukumna satemena ukur nyanghareupkeun beungeut.
Sedeng atina apan salawasna muntir ka Manehna. Asa jadi jelema hianat. Ucap
jeung lampah ka salakina, pasalia jeung
hate. Tapi apan cinta teu bisa dipaksakeun. Najan kitu, Sinta beuki tapis nyumputkeun nu
nyangkaruk. Ngayonan anu mikanyaah. Najan kabagjaan ukur semu. Kahirupan
lumangsung lir amis jeung maduna. Malah apan geus batian. Nenden. Geus dua taun
Sinta jadi indung.
Salakina geus
apalaeun mun meneran purnama. Sinta sok menta mulang ka imah indungna. Geus
rupa-rupa alesan. Najan salakina tara tatanya oge, tara tetelepek. Sinta ngarasa
alesan perlu sangkan salakina ngarasa dihargaan, teu asa disapirakeun.
Ukur Indungna
anu sok rada rewel mimitina mah. Dina taun-taun munggaran kawin kituna teh. Ari
kadieukeuna mah bangun anu geus biasa. Tara owel. Paling menta incuna, Nenden, dibawa. Atuh jadi siga ritual bulanan
tungtungna mah, mulang ka imah indungna teh. Saban bulan purnama salakina
leungiteun Sinta. Keur Sinta bulan purnama ukur keur Manehna. Taya nu lian.
“Tos wengi,
Neng. Mending dilebet geura. Urang tutup-tutupkeun nya. Nembe aya telpon ti ramana
Nenden.” Saurang wanoja tengah tuwuh. Ngaronghéap. Neuteup nu anteng di juru
pakarangan. Bet aya kolebat mangkarunyakeun mangsa aya nu mere isarah ku gideug
anu laun. Gideug anu leubeut ku katineung. Mugurkeun carita nu langgeng nganti
lalakon. Gideug nu matak ngarengkog lengkah nu ngadeukeutan.
“Bilih lebet
angin, Bibi mah. Mani nyecep kieu.” Bibi ngarapetkeun baju haneutna. Tuluy
nyacampah angin.
“Antep we, Sumi.
Kawas teu apal kana adatna. Pangmikeunkeun jeket anggur. Moal ngolesed bisi
budakna hayang dipepende oge.” Sora nu mairan ti jero imah. Indung Sinta.
Bi Sumi
ngojengkang deui ka jero. Teu lila geus
mawa jékét. Pek diasongkeun ka Sinta. Sinta nampanan. Jeket disimpen dina
lahunan.
“Euleuh, mani
ngebrak kieu. “ Bi Sumi tanggah. Bulan
buleud. Belenong sem u perak. Bentang-bentang kumariceup. Tingburicak.” Asa
emut nuju alit di lembur, Neng. Ngabungbang. Arameng sareng kalangkang di
buruan. Tetembangan saruka bungah. Ah, ayeuna kari hirup dina panineungan. Panineungan
mah ukur panineungan. Kabagjaan anu moal kasorang deui. Janten rus-ras ieu
teh.”
Sinta mencrong
Bi Sumi anu keur tatanggahan bari nangkeup harigu. Bi Sumi teh anu ngasuh Sinta
ti bubudak. Nyaah jeung bela alahbatan
ka anak sorangan. Ukur Bi Sumi nu apal kajadian Sinta jeung Manehna. Ukur Bi
Sumi anu surti pangna angkrek bungur salawasna aya di juru pakarangan.
“Lima taun, Bi.
Korsi ieu taya nu ngeusian.” Sinta ngagerendeng. Jeket ayeuna mah ditatangkeup.
Bi Sumi kalah anteng api-api teu ngadenge anu hayang dipairan. Geus lawas hayang ngingetan Sinta, anu teuleum dina
carita katineung. Bi Sumi siga anu ngawahan. Antara panineungan
sorangan, jeung kalakuan Sinta anu cek pangrasana mah micinta anu teu
samistina. Bi Sumi hayang Sinta buleud ngambah rumahtangga. Ngubur mangsalawas.
“Lima taun,
Bibi. Asa karek kamari. Asa geus ratusan taun. Ayeuna bakal cunduk. Tingali
kembang mani mangkak kitu, Bi. Bungur siga anggur.” Sinta malikan deui ngeunaan
waktu. Geus lain rusiah jang Bi Sumi mah. Taya rusiah anu disumputkeun.
“Bongan kalah
ngangantos anu teu karuhan, Nu liwat mah, Eneng, keun sina ngaliwat. Keur naon
ngangantos, misono anu teu kudu dipisono. Apan Eneng tos sadrah dipasrahkeun
kanu milari. Kembang, Neng, masrahkeun diri kana seungit, warna mah mung
pupulasan. Apan kucubung oge bungur.” Cek Bi Sumi bari ngareret.
“Purnama ayeuna
Manehna bakal nedunan janjina, Bi. Bakal ngeusian korsi ieu deui.” Sinta rada
kerung ngadenge ucapan Bi Sumi anu siga nganaha-naha. Padahal salila ieu Bi
Sumi tara ieuh baranggeureuh.
“Cek Bibi mah. Teu
aya gunana. Jarak sareng waktu sok ngarobih jalmi, Neng. Mudah-mudahan atuh
Eneng ge tiasa robih.”
“Ari Bibi…”Sinta
mencrong seukeut. Bi Sumi bet ngaraheutan hatena.”ganganti lima taun. Nganganti
kabagjaan. Pamohalan arek ngagilir.”
Bi Sumi nalik
neuteup nu mencrong. Teuteup deudeuh. Kagok asong pikirna. Teu hayang nejo
Sinta mulang deui kana lalampahan mangsa lawas. Teu narima. Apan Bi Sumi oge
anu milu mangaruhan Indungna Sinta, lima taun katukang, sangkan gagancangan ngajodokeun sarta
ngawinkeun Sinta. Malahan api-api nyarita katitipan saur ku bapana Sinta nu
harita gering parna. Pajar hayang nenjo Sinta lakirabi memeh nepi kana waktuna.
“Purnama ieu
saksina, Bi. Asih anu nu pangasihna. Moal jalir kana pasini. Moal hianat kana
rasa. Manehna bakal datang deui siga baheula. Di dieu, di korsi ieu. Carita nu
pegat bakal tatan-tatan lumampah deui.” Sinta miceun beungeut kana bulan nu beuki
luhur. Ningali teuteup Bi Sumi keur Sinta kalah, ngaliarkeun deui teuteup nu
aheng. Rabeng. Lain teuteup lebah peuting nu sejen tea. Ieu mah aheng jeung
seukeut siga matapeso.
“Purnama, Neng. Jang
Bibi. Asa nembrak keneh lalakon puluhan taun kapengker. Nuju ngabungbang
sarukabungah. Namina oge di lembur. Purnama teh diantos pisan. Ngabungbang
janten impian. Samemehna sarerea ngarereka naon anu bakal dilampahkeun
handapeun bulan. Hiji purnama, Harita pisan, Bibi keur tetembangan. Jol sora
pestol tingjaledor. Teu kantos lami aya beja, Bapa Bibi tiwas. Na atuh, breg
teh gorombolan ngaraksuk lembur. Duka gorombolan duka tentara. Duka lamun
garong. Bibi mah teu apal. Nu apal mah, harita sadaya bubar katawuran. Imah-imah diduruk. Bibi anu
keur tetembangan kalah ngahuhuleng. Tuluy ceurik. Tagiwur. Ningali imah Bibi
ngabebela. Indung Bibi oge teu kapuluk. Purnama ngaduruk sagalana, Neng.
Purnama sakadar purnama. ” Bi Sumi laju ngaheruk. Laun ngawih Kembang Tanjung.
“Bibi mah
ngarang!”Sinta rada tegeg. Najan kitu Sinta apal Bi Sumi can kungsi bohong. Ngan teu narima lamun purnama jadi
isarah sedih, atawa tumpurna hirup jeung harepan. Tumpurna cinta. Keur Sinta purnama
hartina Manehna. Taya nu lain.
Bi Sumi
humariring. Ngalengis sorangan. Ngalengis jang dirina. Ngalengis jang Sinta.
Taya deui kalimah anu bisa dikamalirkeun jang ngageuing Sinta.
“Cek bibi mah,
cekap Nenden janten korban Eneng ngeukeuweuk cinta nu sanes samistina. Apan
Eneng harita ngahaja masihan nami eta ka putra Eneng. Naon lepatna pami kanyaah
ditamplokeun ka Nenden.” Bi Sumi mungkas obrolan, sabada aya nu nyalukan ti
jero imah.
“ Bibi….!” Sinta
nyereng. Jep jempe. Baeud lain bobohongan.
Bi Sumi
nuluykeun humariring bari ngalengkah lungse ka jero imah.
Sinta. Bulan.
Angkrek bungur. Langit tambah ngebrak. Pakarangan lir kalang sambuang jeung
cahaya. Marakbak.
Laun aya mobil
sedan ngarongheap. Eureun meneran panto
pager.
Sinta curinghak.
Gentak cengkat. Barang nenjo anu turun tina mobil. Nenjo rimbagna. Jeket murag
tina tangkeupan. Jol lumpat muru nu anyar turun. Mapagkeun nu keur meungkeut
buuk. Sora ngageret. Panto pager muka. Silihteuteup.
“Sinta!”
“Nenden!” Jol
gabrug wae Sinta ngagabrug anu anyar datang. Namplokeun kasono ku rangkulan anu
pageuh siga nu hayang liket salalawasna.
Nenden, Manehna
tea, ngusapan buuk Sinta. Ngantep anu pogot nangkeup raket. Dina mobil aya anu
lampu jerona dicaangkeun aya dua budak buukna parirang nu katenjona kembar
sarta saurang lalaki bule anu nyekel setir. Marerong anu silihgabrug.
“Sinta. Kumaha
damang?” Nenden ngolesedkeun rangkulan. Neuteup Sinta anu masih geugeut teu
bisa nyarita.
“Sinta. Itu
kenalkeun. Oleh-oleh ti Amerika.” Nenden semu heureuy.
“Saha, Nen?”Sinta
ngarenjag. Mencrong Nenden. Mencrong mobil. Bulak-balik. Cangcaya mekar dina
panonna.
“Ari Sinta.
Caroge sareng buah hati atuh. Sinta tos gaduh putra?”Nenden seuri nenjo rindat
Sinta anu bangun reuwas. Rampang-reumpeung.
“Nen!”Sinta
undur-unduran. Tutunjuk ka Nenden anu katenjona hemeng ku kalakuan Sinta.
“Sinta,
kunaon?”Nenden ngadeukeutan anu mimiti nyegruk.
Sinta teu
nembal. Lumpat muru imah bari hujan cimata. Teu malira Nenden anu ngahuleng
lebah pager. Nenden ngarenghap panjang. Cumalimba. Nyusut nu rembes. Masang
imut. Malik deui kana mobil. Cacarita ka salakina. Geblus kana mobil, Mobil
laju lalaunan ninggalkeun pakarangan. Bulan. Jeung Angkrek bungur.
Sora jam saléndro
di jero imah heubeul pulas bodas ngelentrung sapuluh kali. Bangun marengan
Sinta nu ngagukguk kanyenyerian di hiji kamar. Nganti lima taun, manahoreng
saukur nganti matapeso nubles tatu. Nyuuh
siraheun budakna anu tibra dina ranjang. Nenden. Nenden anu sejen.
Bi Sumi humariring
keneh bari meundeut-meundeutkeun jandela.
Sora jam ngahontal pakarangan. Bangun hayang ngelentrung ka alak paul. Hayang
ngajaul purnama.
Purnama peuting
katiga. Tengah taun. Jam sapuluh peuting. Aya nu mugur katebak angin. Carita
cinta nu mikung muguran. Bungur. ***






0 komentar:
Posting Komentar